Kamis, 07 Februari 2013

Ulah Kawas Lampah Beunteur


”Tamiang meulit kabitis”… salah sahiji cacarekan kolot, cacarekan eta bisa di pake alus atawa goreng, nu artiannamah meureun kawas keu, satiap pepelakan atawa kalakuan urang boh hade boh goreng pasti bakal ka panen deui ku urang.
kadang-kadangmah sok asa ohokkeun mun ningal tingkah polah manusa, ngudag-ngudag hayang bungah bari cicing teh di alam dunya, geus puguh mertela kembang boled dina katerangan oge dunyamah alam fana. ayena hayang bungah di alam dunya da moal bisa isuk-isuk, geus di udag-udag ku kabutuh beurang sumawona…sore sarua keneh.
Ngan sok sanajan kitu  genteng-genteng ulah potong, da kulantaran urangmah sifating jalmi nu ngabogaan akal jeung pikir, ngan ulah sok kalalajoanan, kusabab di dunya ukur saliwat ngan ukur keur melak pikeun peutikeun mangsa di alam padang narawanag, molongpong jalan ka gedong. jalan panjang sasapuan, nu ngaliwat panto maot tea, da atuh apan aya paribasa. kuring jeung kurung bakal di giring. mulih kajatina mulang ka asalna. asal ti pangerang balik deui ge kapangeran…mudah-mudahan eta nu di piharep. (Lampah beunteur ku urang ulah di tiru odoh baranghakan, nejo cacing ngaringkeul di caplok,teu nyahoeun di jerona aya useupan.
punten akh sanes hayam mamatahan nitah ngojay kameri, tapi ieumah ngan panggeing keur urang salaku manusa. teu kudu adug-adugan ngudag-ngudag kadunyaan, da ari maotmah teu di bawa, di boehan oge kunu hirup. nganukur amal perbuatan nu bakal jadi panganteur, diri nu sajati.kulantaran ceunah ari manusamah mun geus maot teh teu sarua jeung sato… gaus  puguh ari ku bilatungmah, tapi di samping ku bilatung aya deui balitung.
Eling-eling mangka eling..rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae, raga taya pangawasa. Nafsu nu matak kaduhung, badan nu katempuhan… Cag..ah….!!!.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar