Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan

Minggu, 21 April 2013

Pidato Sunda| Seren Sumeren Siswa Anu Bade Kaluar Sakola

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangéran Nu Maha Kawasa, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak Kepala Sakola ...seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya,
Menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.

Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.

Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.

Para Ibu Bapak sadayana,
Kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya,
Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah.

Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.

Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.

Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.

Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.
aqulu qouli hada waastaqfirullohu li walakum
wassalamu'alaikum Wr.Wb.

Selasa, 09 April 2013

Upacara Adat Sunda Paturay Tineung


Di handap ieu Conto Upacara Adat Sunda Paturay Tineung pelepasan siswa sareng kenaikan kelas di sakola, SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA.

Narator bubuka :
Kum……..asalamualaikum
Sampurasun kanu ngariung
Neda widi kanu linggih
Seja mirig nu sumping
Kemprang mapag nu datang
Binarung kasinugrahaan
Dina rinekna budaya sunda

1.    Gending bubuka
2.    Guruh
Narator:
            nitih wanci nu mustari
Ninggang mangsa nu utama
Mangsana bade paturay
Sapu nyere pegat simpay
Pacampur suka jeung duka
Pagalo seneng jeung lewang
Sdn…………….nu urang
Ngbralkeun nu rek amitan
Nu tamat lalakon leumpang
Duh kedal lisan pileuleuyan
Sumangga urang rampes kasumpinganana
Siswa-siswi nu rek amitan

3.    Ki lengser midang
4.    Pager ayu jeung payung agung
Narator:
            bandera papayung agung
Temen deudeuh pangbagea
Dipapag ku aki lengser
            di ibingan digendingan payung agun
            haturan anaking geura lalinggih
            hung……hung……ahung

5.    Jajap siswa siswi kelas……
Narator:
            haturan jimat anaking
            hidep anu dianti-anti
            yap sumangga lenggah
            …………………………………………….
            mana siswa anu karasep the
            mana siswi anu garelis the
            kupalinter hidep the anaking
            jeung garagah deui…………….
            bubuhan titisan tiluhurna
            …………………………………………………
            kentel peujit balas peurih
            kuru cileuh balas maca
            arasak tapak……………………….
            geura tampa pangbagea
            tina jadi sepuh
            yap anaking
            urang bageakeun
            urang kangkalungan
            kumedali sinangling ati
            …………………………………………………
.
6.    Acara sungkeman
Narator:
Kasep ……..geulis amaking
Dipayun hideup parantos calik bapak kepala sekolah miwah ibu guru nu maksadna bade ngadugikeun kanyaah sareng ka asih ka hidep nu mangrupi piwejang

Kieu kasep…….geulis anaking
Bagea anaking bagea……….poe ieu kabungah bapak miwah ibu sadaya tembus ka langit katujuh, parat ka congka rasa …………….rehna hidep sakola ges rengse.
Jalan panjang nu baris di sorang geus nampeu di hareupeun hidep……bral geura miang, dimimitian ku ngucapkeu………… bismilah, bari dibarengan ku niat hate nu beresih tur suci.

Omat anaking ………………..
Hahalang jeung tantangan………….tapi sok sanajan kitu……..omat hideup ulah geumpeur jeung galindeur……….malah mah kudu jadi pecut pikeun ngudag sarta ngahontal cita-cita. Lamun hidep tetep panceg istiqomah di jalan allah ,,,,,,,,,,,,,insa allah bakal sanggup nyanghareupanana.

Kasep………..geulis anaking
Pamungkas samemeh hideup ngalengkah …………….ninggalkeun ieu sakola……..peupeujeuh hidep kudu yakin yen ilmu anu di pimilik ku hidep the bakal bisa nangtukeun luhur handapna darajat hideup ……………..
Bral ……………….geura miang kubapa miwah ibu di duakeun ………………………..
Ya allah ………………… ya robbi
Abdi titip ieu murangkalih …………..mugia aranjeuna dina nyiar elmu jeung panemu sing aya dina mungguh allah , mulia dina pandanngan papada manusa ……………….amin.

Kasep………geulis anaking
Sok ………ngdeug heula……….geura teuteup raray bapa sareng ibu nu parantos ngadidik sareng ngaping hidep salami 3 taun……………………dibarengan ku hate jumerit ka allah kalayan nyuhunkeun bdi hapunten tina sagala dosa……………….
Sok duaan sungkem ka bapak sareng ka ibu………………..

Bapak……………ibu hapunten abdi. Abdi rumaos seueur nyesahkeun , rumaos seueur ngadamel kalepatan. Sok ngeselkeun .
Rumaos tara tumat kana parentah bapa sareng ibu ……………….
Salami 3 taun abdi dididik, di aping ku bapak sareng ibu……………..
Dinten ieu abdi sareng rerencangan bade permios, seja ngantunkeun ieu sakola ……….. Du’akeun abdi sadaya supados tiasa na hasil cita-cita.
……………………………………………………………………………………….....
…………………………………………………………………………………………..
Bagea naking ku bapa sareng ibu teu weleh di hampura………… sadaya kalepatan hideup …bapak sareng ibu guru ngan ukur ngajurung ku du’a bral hideup geura miang…………………..geura tandang makalang………………………………….

Sumanggga ngadeg deui . Ayeuna uranng teraskeun kana acara ……………………………………………
.
7.    Ngaleupaskeun japati ( symbol pelepasan siswa – siswi )
Narator:
            kasep geulis jimat anaking
Dinten ieu bapak miwah ibu guru
Bade ngaleupas hidep sacara resmi ku symbol manuk japati

Kasep……geulis jimat anaking
Jejeg panceg  ….. Taun lamina
Ngarandapan suka jeung duka
Di asih, di asuh, ku bapak sareng ibu guru
Kiwari cunduk waktuna
Mungkas lalakon sakola di ……………….
Geura hontal cita –cita
Sumangga urang ngaos du’a sasarengan………………………
………………………………………………………………………..

Bismillahirrohmanirohim………………………………
Bismikatawakaltualallah………lahaola walakuata illabillahil aliyil      adzim……..
Bral……………………..bral ……………. Miang……

Grup Musik Tradisional Sunda KAWASA


Alat musik sunda yang sekarang mulai terlupakan adalah ‘karinding’, bahkan orang sunda sendiri sampai ada yang tidak mengetahui apa itu karinding, tetapi santri Pesantren Persatuan Islam 67 Benda peduli terhadap karinding ini. Maka dari itu santri Benda mempunyai insiatif untuk membentuk grup musik tradisional sunda ini yaitu KAWASA.
Kawasa adalah sebuah nama grup musik sunda (karinding) yang didalamnya terdapat anak muda yang ingin melestarikan budaya sunda yang di wariskan dari karuhun supaya tetap bereksistensi di dunia musik. Personil dari KAWASA yaitu Sadut (vokal, goong tiup, karinding), Bondol (celempung), Imay (celempung), Jack (Karinding, bird voice), Ari (karinding), Ikra (karinding), Irenk (toleat, suling, karinding, vocal) yang semuanya berdomisili di pesantren 67 Benda ini
Awal terbentuknya KAWASA karena para personil adalah metalhead dan mereka menemukan salah satu grup karinding yaitu Karindind Attack (KARAT), akhirnya mereka pun terinspirasi untuk memainkan alat musik tersebut. Awalnya KAWASA hanya terdiri dari 4 orang, yaitu Imay, Ikra, Bondol & Irenk yang hanya sekedar iseng untuk bermain alat musik tersebut. Mereka membeli alat musik tersebut dari Bandung, tepatnya di Abah olot.
Mereka pun ditawari main di sebuah acara RG-UG (organisasi pesantren) yaitu LCTIA (Lomba Cepat Tepat Ilmu Alat), dan ketika itu mereka belum mempunyai seorang vokal, kemudian Sadut dan Jack di ajak untuk  menjadi personil KAWASA. Dengan kemampiuan seadanya mereka bermain di acara tersebut sampai mereka membawakan lagu hampura ema part III, dan ketika itu mereka belum mempunyai nama untuk grup mereka.
Waktu terus berjalan, mereka pun menjadi sering memainkan alat musik tersebut. Ketikaitu saudara Ari pun sering ikut latihan dengan KAWASA, saat itulah Ari pun diajak untuk menjadi personil sambil belajar alat musik sunda bersama KAWASA.
Namun nama KAWASA sendiri diciptakan oleh saurdara Sadut dan Irenk, karena mereka orangnya bisa di sebut caliweura sampai-sampai mereka menyempatkan untuk mencari nama tentang grup kami itu di mesjid An-Nur, dan atas kesepakatan kami bersama lahirlah nama KAWASA (KArinding WArisan SundA).
Sekarang KAWASA memiliki alat musik sunda yaitu karinding, celempung kulit, celempung  GK, cacaian, goong tiup, guguludugan, bird voice, toleat dan suling yang didapatkan dari berbagai surupan, diantaranya dari majalaya (Karmawangsa), Cineam, Abah olot,Soreang, dll.
Semakin kesini mereka mulai menemukan orang yang cukup ahli di bidang alat musik ini dan KAWASA sendiri pun mendapatkan banyak ilmu dari orang-orang tersebut. Dan sekarang KAWASA sudah mempunyai 4 buah lagu diantaranya : Nyiar elmu, Adean ku kuda beureum, Hiphop titikring, Bapa bangsat. Mereka sendiri sering membawakan lagu-lagu dari grup musik lain seperti : Hampura ema part II – KARAT, Muringkak – Karinding Militan, Bangkong di kongkorong kujang – SASAKA, Ayun Ambing – Bambu gawir, ada juga KAWASA pernah membawakan lagu PLAYBOY dari 7icons dengan versi KAWASA sendiri.
Tempat yang digunakan untuk mereka latihan atau biasa di sebut juga dengan hahaleuangan, mereka suka di asrama, gowok dan juga kelas. KAWASA juga pernah bermain di acara LCTIA, START dan HIPA 2012 yang tentunya acara-acara intern atau RG-UG (organisasi di pesantren).
Sampai sekarang KAWASA masih belajar untuk menjaga warisan karuhun sunda.
Hayu Urang Jaga Babarengan....!!!!!!!!!
Wildan, Ikra, Milzam
XII IPA A Mu’allimien
Pesantren Pesatuan Islam 67 Benda
Kota Tasikmalaya

Jumat, 22 Maret 2013

Kamus Sunda Sederhana

Paririmbon tina kecap rimbu.
Rimbu (basa Kawi) = Simpen.
Paririmbon = Buku sisimpenan = Buku anu ngandung elmu nu jarero.
Urang Sunda pituin = Urang Sunda asli = Urang Sunda tulén.
Pepeling = Papatah.
Gumelar = Lahir ka dunya. Satungtung = Salilana.
Ihtiar = Usaha.
Nungtut elmu = Ngumpulkeun pangarti = Ngumpulkeun pangaweruh.
Nyiar dunya = Neangan rejeki = Nyiar kipayah = Neangan kahirupan.
Malahmandar = Susuganan = Sugan pareng.
Bubuka = Pangangkat carita.
Ngumbara = Cicing di lembur batur.
Nusantara = Indonésia.
Ngitung lembur = Nyaba ka mana-mana.
Ngajajah milangan kori = Nyaba ka mana-mana.
Ngajajah = Ngider nganyahokeun tempat-tempat.
Kori = Lawang kori = Panto (babakuna panto anu peundeutna dua).
Ngemban timbalan = Ngajalankeun paréntah.
Ibu Pertiwi = Lemah cai.
Kénging lara = Kénging kanyerian, atanapi udur.
Tunggara = Kasusah.
Kuciwa = Kateungeunah haté.
Dadak sakala = Harita kénéh.
Mitra = Sobat.
Sunda ngumbara = Urang Sunda nu matuh di lembur batur.
Ngalalana = Nyaba kalunta-lunta (kateterusan) henteu puguh nu dijugjug, henteu terang nu ditéang, henteu nyata nu diseja.
Kapihatur = Kapiunjuk.
Sebrang = Peuntas.
Cicirén tina ciri. Ciri = Tanda.
Tri = Tilu. Murti = Badan. Trimurti = Tilu badan (perkara) anu ngahiji.
Sajati = Tulén = Asli = Henteu palsu.
Lenyepan = Hartikeun atawa rasakeun enya-enya. Lemesna : Hartoskeun atanapi raoskeun yaktos-yaktos.
Supados lemesna tina : supaya.
Émutan lemesna tina : ingetan.
Utama = Euweuh cawadeunana.
Hancaeun = Garapeun.
Pulasara = Urus samistina.
Pusaka = Titinggal karuhun.
Pitutur = Pepeling.
Kakantun lemesna tina titinggal.


Para karuhun = Para luluhur anu geus maraot, geus areuweuh (taya) di kieuna.
Seuweu =

I. Anak jelema.

II. Anak putu Nabi Adam = Turunan Nabi Adam = Jelema-jelema.

Paré nyeuweu = Paré ngadapur, loba anakna.

Awi nyeuweu = Awi ngadapur, loba anakna.

III. Ngaran sabagian tina bubu, gawéna pikeun nahan lauk anu geus asup kana jero bubu supaya henteu kaluar deui.
Siwi = Anak; sok dipake oge pikeun sesebutan, ka putra raja anu pameget. Siwi teh basa Kawi. Seuweu-siwi Pajajaran = Turunan Pajajaran. Nu dimaksud : urang Sunda
Seuweu-siwi = Turunan = Jalma-jalma. Nini-aki = Luluhur.
Basa Sangsekerta atawa Sangsakerta = Basa kuna di tanah Hindu. Dina agama Brahma nu dipakéna basa Sangsekerta. Di Indonésia loba kénéh kecap-kecap Sangsekerta; ayana dina ngaran jelema-jelema atawa kota-kota. Contona :

Ngeunaan ngaran jelema-jelema:


Nataprawira. Nata = Ratu = Raja. Prawira = Kendel, teteg haté.
Gandakusuma. Ganda = Seungit. Kusuma = Kusumah = Kembang.
Wijayakusuma = Kembang kajayaan.
Kartasasmita. Karta atawa Kerta = Aman. Sasmita = Misil atawa perlambang. Dina basa Walanda : Symbool.
Surawijaya. Sura = Déwa. Wijaya = Kaunggulan = Kajayaan.
Somawisésa. Soma = Bulan. Wisésa = Maha kawasa.
Wirasumantri. Wira = Lalaki atawa prajurit atawa kekentong. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Mantri = Ponggawa = Pagawé Nagara.
Gandasudirja. Ganda = Seungit. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Di pondokna tina Hadi = Hade atawa alus (basa Kawi). Reja = Raharja (Harja) dina basa Sunda, hartina : Ma’mur, teu kurang sandang pangan.
Jayadisastra. Jaya = Unggul. Di tina Hadi = Hadé atawa alus (basa Kawi). Sastra = Tulisan.
Wiriasaputra. Wiria = Wira = Lalaki atawa prajurit atawa keken­tong. Sa = Hiji. Putra = Anak lalaki.



Ngeunaan kota-kota :


lndragiri. Indra = Déwa. Giri = Gunung.
Purwakarta. Purwa = I. Wétan jeung II. Mimiti, Karta = Kerta = Aman. Dina basa Jawa: Purwokerto.
Sidareja. Sida = Tulus. Reja = Ma'mur. Dina basa Jawa : Sidorejo.
Singapura. Singa = Singa. Pura = Karaton.
Surabaya. Sura = Déwa = Wani. Baya = Bahya = Bahaya. Dina basa Jawa : Suroboyo.

· Kawi (basa Sangsakerta) = Bujangga.

· Basa Kawi = Kecap-kecap nu baheula nu sok dipaké ku para bujangga.



Contona:


Nétra = Panon.
Kerta = Karta = Aman.
Su = Hadé atawa alus.
Hadi = Di = Hadé atawa alus.
Lalis = Paéh.
Niskara = Kabéh.
Marcapada = Bumi.
Panji = Bandéra.
Daya = Kakuatan atawa hojah.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 6

601. Ngalebur tapak.
Hartina : Boga ngaran anu goréng ku lantaran keur ngora goréng laku-lampahna. Pikeun ngalebur dosa jeung ngoméan ngaran nu geus goréng téa, ka kolotnakeun jadi bageur: hadé laku-lampahna.
602. Uyah tara téés ka luhur.
Hartina : Kalakuan atawa sipat-sipat anu garoréng, mindeng pisan nurun ka anak-incu.
603. Nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju).
Hartina : Ménta pangampura jeung ménta tim­bangan, da puguh geus rumasa ari salah jeung dosa mah.
604. Teu ditari, teu ditakon.
Hartina : Teu dipaliré, diantep baé. Teu ditanya-tanya acan.
605. Tatah wadung.
Hartina : Banda meunang hésé capé, upamana imah turunan jst.
606. Témbong gelor.
Hartina : Jigana deukeut, tapi saenyana mah jauh.
607. Ditangtang-diténgténg, dijieun bonténg sapasi.
Hartina : Dipandang anéh (modél).
608. Népakeun jurig pateuh.
Hartina : Puguh urang anu goréng, tapi kago­réngan urang téh ditamplokkeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
609. Kawas térong beulah dua.
Hartina : Sarua baé rupana (sakarupa), naha adi jeung lanceuk atawa anak jeung indung-bapa.
610. Nété tarajé, nincak hambalan.
Hartina : Kudu merenah. Lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus, beuki ditu, beuki ka nu leuwih luhur pangkatna.
611. Nété sémplék, nincak semplak.
Hartina : Kieu salah, kitu salah, taya hiji pausahaan anu ngahasilkeun, taya hiji kalakuan anu nguntungkeun.
612. Nu temen tinemenan.
Hartina : Nu enya-enya usahana pikeun ngahon­tal kahayangna, bisa tinekanan maksudna.
613. Katempuhan buntut maung.
Hartina : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
614. Nepak cai malar cérét.
Hartina : Ngomongkeun jeung ngagogoréng ka batur, supaya batur téh ragrag ngaranna jeung kawentar kagorénganana. Nu dipalar, supaya ngan urang wungkul anu dipikaresep ku sobat jeung nu pangseubeuhna ngahakan pakayana.
615. Tilas tepus.
Hartina : Ngan ukur cukup baé, teu aya leuwih­na, teu aya kurangna.
616. Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun, peung­gas harupateun.
Hartina : Heuras haténa, teu sabar dina nyanghareupan rupa-rupa kasusahan jeung babari luluasan.
617. Nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri, beuki dinyenyeri, nu keur cilaka, beuki dicilakakeun.
618. Neundeun haté.
Hartina : Boga kahayang nu dirasiahkeun.
619. Neundeun piheuleut, nunda picela.
Hartina : Néangan pilantaraneun supaya jadi go­réng; supaya temahna papisah, teu ngahiji deui.
620. Oray néangan paneunggeul.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun, ku nyampeurkeun jelema anu keur ijid atawa ngambek ka urang.
621. Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Milampah anu moal pihasileun.
622. Héjo tihang.
Hartina : Remen pindah tempat, imah atawa pagawéan.
623. Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah.
Hartina : Nya goréng rupana, nya goréng kalakuanana, sok daék pulang-paling.
624. Tiis-tiis jahé.
Hartina : Henteu ribut, senang-senang baé, sa­najan nyanghareupan pagawéan anu loba, tur bangga.
625. Tiis ceuli hérang mata.
Hartina : Ngeunah haté ku lantaran ngeunah deudeuleuan jeung dédéngéan.
626. Tikoro andon peso.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun atawa pisusaheun, ku nyampeurkeun jelema nu keur ijid atawa ngambek ka urang.
627. Tikoro kotokeun.

Hartina :
Lamun ngeunaan papakéan, hayang buru-buru dikaput jeung anggeus, supaya buru-buru bisa dipaké.
Lamun ngeunaan kadaharan, hayang buru-buru asak, basana téh hayang ngasaan kumaha rasana.
Gampang pisan laparna.



628. Awak satilas.

Hartina : Jangkung lenjang.



629. Ngadek sacékna, nilas saplasna.

Hartina : Ngomongna henteu diréka-réka, satarabasna baé, euweuh anu dipaké sumput-salindung.



630. Nilik bari ngeusi.

Hartina : Babanda ngumpulkeun parabot imah, henteu disakalikeun, tapi ditungtut, saeutik-saeutik, lila-lila ogé loba.



631. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup.

Hartina : Lenjang jeung geulis rupana.



632. Bilatung ninggang dagé.

Hartina : Meunang kauntungan.



633. Salah tincak.

Hartina : Goréng kalakuanana, teu merenah paripolahna.



634. Ditiung geus hujan.

Hartina : Kakara ati-ati, sanggeus meunang kasusahan atawa kacilakaan.



635. Tipu keling, ragaji Inggris.

Hartina : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.



636. Titirah ngadon kanceuh.

Hartina : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusahan nu leuwih gedé.



637. Gurat cai.

Hartina : Jalir jangji.



638. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.

Hartina : Sauyunan, layeut pisan, kamana-mana ogé babarengan baé.



639. Kumaha kejebur caina, geletuk batuna baé.

Hartina : Kumaha béhna baé, henteu jadi pikiran.



640. Cara cai dina daun bolang.

Hartina : Papatah anu henteu digugu, atuh teu aya mangpa'atna.



641. Caina hérang, laukna beunang.

Hartina : Hasil maksud kalawan bérés, teu aya kaributan atawa pacéngkadan naon-naon.



642. Nyicikeun cai, murulukkeun lebu.

Hartina : Turun cadu (Cacaduan). Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.



643. Cangkir emas eusi délan.

Hartina : Omonganana mah alus, nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.



644. Caréham hayameun.

Hartina : Gampang pisan laparna.



645. Teu cari ka Batawi, tapi ka salaki.

Hartina : Hakan-paké hayang ti salaki.



646. Rumbak caringin di buruan.

Hartina : Dina aya kasusahan atawa karerepet, geus teu boga kolot saluhureun anu bisa mépélingan ka urang.



647. Wiwirang di kolong catang, nya gedé, nya panjang.

Hartina : Wiwirang anu pohara gedéna.



648. Katumbukan catur, kadatangan carita.

Hartina : Loba anu embung, sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.



649. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, ka koncara ka mancanagara.

Hartina : Kawentar ka mana-mana.



650. Ceuli léntaheun.

Hartina : Resep ngadéngékeun kagoréngan atawa kaaéban batur.



651. Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisu­mur.

Hartina : Sasarina lamun geus aya pacéngkadan, sok tara bisa hadé deui cara baréto saméméh aya pasalia pikir.



652. Ngalétak ciduh.

Hartina : Narik atawa ngabatalkeun.



653. Nyiduh ka langit.

Hartina : Mapatahan ka nu saluhureun umurna, pangkatna atawa kanyahona.



654. Cikal bugang.

Hartina : Maot pangheulana dina pangperangan.



655. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.

Hartina : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé, laun-laun jadi bisa.



656. Cicing dina sihung maung.

Hartina : Nganjrek di jelema anu bisa nyusah­keun atawa nyilakakeun ka diri urang.



657. Clik putih, clak hérang.

Hartina : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, pasrah pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.



658. Nyokor = Néngtérégé = Ningnang.

Hartina : Make pakéan naon ogé teu pantes baé.



659. Nyokot lésot, ngeumbing porot.

Hartina : Taya usaha anu ngahasilkeun.



660. Nyolok mata buncelik.

Hartina : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa laku-lampah goréng di hareupeunana.



661. Nyolong badé.

Hartina : Sulaya tina taksiran. Disangka goréng, saenyana hadé atawa sabalikna. Disangka bodo, saenyana pinter atawa sabalikna jst.



662. Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna.

Hartina : Kumaha arék bageurna di nu jadi anak, lamun bapana henteu bageur jst.



664. Cueut ka hareup.

Hartina : Geus kolot, geus deukeut ka paéh.



665. Bentik curuk balas nunjuk.

Hartina : Ngan maréntah baé ka batur, ari prak ku manéh mah henteu.



663. Nyoo gado.

Hartina : Ngamaénkeun jelema anu kudu dihormat, boh sakoloteun, boh saluhureun.



666. Ngégél curuk.

Hartina : Lapur teu meunang hasil naon-naon.



667. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda.

Hartina : Perkara leutik, tapi bisa jadi matak cilaka.



668. Kawas cucurut kaibunan.

Hartina : Ngeunaan ka jelema anu goréng patut rupana, matak sareukseuk panon anu nénjo.



669. Nuju hurup ninggang wirahma.

Hartina : Ngeunaan ka nu ngaji, laguna alus, ngecapkeunana bener jeung panjang pondokna merenah.



670. Tugur tundan, cuntang gantang.

Hartina : Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara.



671. Keur tulang-tonggong.

Hartina : Kakayaan anu matak teteg atawa reugreug kana haté, karana sawaktu-waktu lamun aya kaperluan penting, bisa dipaké.



672. Nulungan anjing tiselap.

Hartina : Nulungan jelema anu teu aya panari­mana.



673. Matih tuman batan tumbal.

Hartina : Leuwih gedé hasilna tina latihan ti batan tina tumbal atawa jampé.



674. Tumpang-sirang.

Hartina :
Tumarumpang, teu leleb cumonggahna.
Teu pantes barang pakéna.



675. Tunggul kuras.

Hartina : Teuteundeunan (duit) anu kakara dipaké lamun pohara perluna.



676. Tunggul sirungan, catang supaan.

Hartina : Aya kajadian anu goréng atawa matak teu ngeunah di ahirna.



677. Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait.

Hartina : Ti batan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula, naon anu matak pisusah­eunana.



678. Ngabéjaan bulu tuur.

Hartina : Ngabéjaan ka nu geus nyahoeun.



679. Nurub cupu.

Hartina : Repok anu alus pisan, lalakina kasép, awéwéna geulis, lalakina bageur, awéwéna satia jst.



680. Turun ka ranjang.

Hartina :
Mun ninggang di awéwé, kawin ka adi salakina anu geus maot.
Mun ninggang di lalaki, kawin ka adi pamajikan­ana nu geus maot.



681. Tuturut munding.

Hartina : Nurutan batur, kalawan teu dipikir heula hade goréngna.



682. Gunung tanpa tutugan.

Hartina : Euweuh anggeusna, teu béak-béak. Sasarina ngeunaan pagawéan atawa perkara.



683. Tutung atahan.

Hartina :
Mun ngeunaan pagawéan atawa jijieunan : hadé sawaréh.
Mun ngeunaan pangarti : aya nu apal, aya nu henteu, atawa aya nu bisa, aya nu henteu.



684. Nuturkeun indung suku.

Hartina : Leumpang sakaparan-paran.



685. Bilih aya tutus bengkung.

Hartina : Bilih lepat pokpokanana.



686. Lungguh tutut.

Hartina : Siga lungguh, tapi ari saenyana mah henteu.



687. Tuang jinis.

Hartina : Seuri mani akey-akeyan ku lulucon anu sorangan, tapi babaturan mah marolongo bae da teu ngalartieun.



688. Noong ka kolong.

Hartina : Leutik haté, leutik pangharepan.



689. Sawaja sabeusi.

Hartina : Sarua ménakna atawa beungharna. Ngeunaan ka nu laki-rabi.



690. Kawas wayang pangsisina.

Hartina : Goréng rupana. Ngeunaan ka jelema.



691. Diwayangkeun.

Hartina : Remen dicaritakeun kahadéanana atawa kagorénganana ka jalma loba.



692. Nyukcruk walungan, mapay-mapay wahangan.

Hartina : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur; imeut pisan ti bapa ka aki jeung saterusna.



693. Atah warah.

Hartina : Kurang atikan (didikan).

Cirina : Dusun. Basa jeung paripolahna loba nu salah.



694. Asak warah.

Hartina : Cukup atikan (didikan).

Cirina : Henteu dusun, basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.



695. Waspada permana tingal.

Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian.



696. Wawuh munding.

Hartina : Ngan ukur wawuh meueusan. Di jalan mah sok silih tanya, tapi teu nyaho di ngaranna atawa tempatna.



697. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang.

Hartina : Balukarna henteu wawuh atawa henteu loma, tangtu pajauh atawa paanggang, henteu raket, teu medok sosobatan, teu silih tulungan atawa silib béréan. Hadéna mah sabalikna, sing wawuh jeung sing loma, sabab balukarna hadé pisan : Jadi sobat anu medok pisan, nepi ka silih tulungan, silih belaan dina aya bancang-pakéwuh.



698. Weruh sadurung winarah.

Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian, saméméh aya anu, mapatahan atawa ngajar.



699. Wong becik ketitik, wong ala ketara.

Hartina : Kahadéan atawa kagoréngan urang teu bisa disumputkeun dibuni-buni, awal-ahir bakal nembrak katémbong. Ieu téh pépéling, supaya urang nunda laku-lampah anu salah.



700. Wong asih ora kurang pangalem, wong sengit ora kurang panyacad.

Hartina : Nu keur nyaah, deudeuh, moal kurang pijalaneunana enggoning némbongkeun kanyaahna atawa kadeudeuhna, naha ku omongan atawa ku barang.

Sabalikna; nu keur ambek atawa ngéwa, moal kurang pijalaneunana enggoning nembrakkeun kakeuheulna atawa kangéwana.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 5

501. Teu boga pikir rangkepan.
Hartina : Teu curiga saeutik-eutik acan.
502. Raweuy beuweungeun, rambay alaeun.
Hartina : Loba dahareun, da loba pepelakan.
503. Asa rawing daun ceuli.
Hartina : Teu ngeunah haté ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
504. Karawu kapangku.
Hartina :
Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus bisa nutup pangaluaran.
Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari ngeunahna baé.
505. Bohong dirawuan.
Hartina : Kacida rahulna.
506. Ngarawu ku siku.
Hartina : Loba teuing anu disanghareupan ku lantaran hayang meunang kauntungan anu gedé, temahna teu meunang kauntungan naon-naon, sabab ieu teu kacabak, itu teu kapigawé.
507. Endog sasayang remek hiji, remek kabéh.
Hartina : Kajeun cilaka babarengan ti batan ngan saurang anu salamet, ari nu séjénna mah carilaka kabéh.
508. Aya réngkolna.
Hartina : Aya tulisanana.
509. Rejeki maungeun.
Hartina : Rejeki anu gede anu datangna bleg sakalian, ngan hanjakalna rejeki anu bleg-blegan kitu mah langka pisan kapanggihna.
510. Sareundeuk saigel = Sabobot sapihanéan = Sabata sarimbagan.
Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
511. Reuntas ku tingkah.
Hartina : Turun harkat ku lantaran goréng laku­lampah.
512. Uncal tara ridu ku tanduk.
Hartina : Jelema mah tara pusing atawa kaganggu ku élmuna anu loba.
513. Sabata sarimbagan.

Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.



514. Riung mungpulung.

Hartina : Duduluran karumpul kabéh.



515. Kawas ka budak rodék hulu.

Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.



516. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.

Hartina : Nu keur susah ditambah deui kasusah­anana.



517. Pada rubak sisi samping.

Hartina : Sarua bae pada loba- luangna, pada loba pangalamanana.



518. Piruruhan dikatengah-imahkeun.

Hartina : Nu dusun kurang didikan, dibawa kana médan (pasamoan).



519. Rusuh luput = Gancang pincang.

Hartina : Migawé naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung, sabab hasilna teu matak nyugemakeun.



520. Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan.

Hartina : Junun nyanghareupan pagawéan anu nuju dilampahkeun, teu kaganggu ku naon-naon.



521. Taya halodo panyadapan.

Hartina : Taya eureunna digelendeng atawa dicarékan.



522. Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah.

Hartina : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka nu geus beunghar.



523. Sagara tanpa tepi.

Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.



524. Nyair hurang meunang kancra.

Hartina : Sugan teh arék meunang kauntungan; kamuliaan atawa bagja anu leutik, manahoréng meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu gedé.



525. Nyaliksik ka buuk leutik.

Hartina : Nyusahkeun, peperedihan atawa pépéntaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.



526. Nyalindung di caangna.

Hartina : Ngahaja meres rahayat supaya meunang kauntungan anu leuwih gedé ku jalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung atawa dunungan.



527. Nyalindung ka gelung.

Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Nu dipalar milu hirup senang, teu karana hésé jeung capé.



528. Samagaha pikir.

Hartina : Bingung, poékeun haté, susah pikir.



529. Kawas hayam panyambungan.

Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.



530. Awak sampayaneun.

Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.



531. Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang.

Hartina : Sumerah, masrahkeun diri, rék dibeureum rek dihideung kari kumaha di dinya baé, tina rumasa geus salah atawa boga dosa.



532. Asa nyanghulu ka jarian.

Hartina : Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.



533. Titip diri, sangsang badan.

Hartina : Mihapékeun diri.



534. Sangsara di geusan betah.

Hartina : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan ku lantaran geus embung digawé nyiar kipayah. Anéhna téh, ari hirup mah hayang kénéh.



535. Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah.

Hartina : Ari laku-lampahna mah kawas santri, tapi sok daék cukat-cokot (ceceremed).



536. Langsung saur, bahe carék.

Hartina : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.



537. Élmu sapi.

Hartina : Samiuk (guyub) dina kagorengan.



538. Sapi anut ka banténg.

Hartina : Awéwé nuturkeun ka salakina.



539. Sari gunung.

Hartina : Ngeunaan ka jelema anu ti kajauhan mah katémbongna teh kasép atawa geulis, tapi ari geus deukeut bréh baé yén rupana teh goréng patut.



540. Satru kabuyutan.

Hartina : Musuh nu geus lila pisan.



541. Sawan geureuh.

Hartina : Teu tulus rék kawinna, boro geus loba nu nyarahoeun jeung nyaritakeun.



542. Sawan kuya.
Ari naékna mah bisa jeung gampang, ngan turun­na teu bisa jeung hésé deuih.
Gampang ari meunangna pagawéan mah, ngan hésé béléké pikeun kaluarna.



543. Sawan goléah.

Hartina : Mondok teu milih heula tempat anu pantes; abong-abong geus tunduh, di mana baé dugna. Di dinya tunduh, di dinya goléah.



544. Nété semplék, nincak semplak.

Hartina : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug-turug kasusah nambahan deuih.



545. Rujak sentul.

Hartina : Jelema nu teu ngartieun kana maksud omongan atawa carita batur.



546. Sereg di buana, logor di liang jarum.

Hartina : Ku lantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu ramé, sabab sieun; karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.



547. Seuneu hurung, cai caah.

Hartina : Keur amarah, keur ambek, keur napsu.



548. Nyeungeut damar di suhunan.

Hartina : Ku lantaran pupujieun, ari ka deu­ngeun mah daréhdéh jeung méré mawéh, tapi ari ka baraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung korét deuih.



549. Nyeungseurikeun upih ragrag.

Hartina : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas, huntu geus ompong, tonggong geus bengkung, turtaning ieu téh kahareup mah ku urang saréréa bakal kasorang.



550. Seuseut batan neureuy keueus.

Hartina : Hésé pisan.



551. Hurung nangtung siang leumpang.

Hartina : Eukeur mah beunghar, loba pakéan anu aralus, turug-turug resep ngaginding deuih.



552. Nyiar batuk piaraheun.

Hartina : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.



553. Sieuran.

Hartina : Sapaliwat mah siga goréng rupana, tapi lamun diawas-awas bet tegep tur manis.



554. Teu dipiceun sasieur.

Hartina : Sarua pisan teu aya bédana saeutik-eutik acan.



555. Aya di sihung maung.

Hartina : Ku lantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.



556. Medal sila.

Hartina : Ninggalkeun pasamoan tacan waktuna, lantaran ambek nyedek atawa meunang wiwirang anu gedé.



557. Jati kasilih ku junti.

Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing, upamana : dina perkara nyiar kipayah.



558. Nu titeuleum disimbeuhan = Nu borok dirorojok.

Hartina : Nu keur nandangan lara jeung susah, heug ditambahan kanyenyerianana deuih.



559. Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung.

Hartina : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.



560. Nyiuk cai ku ayakan.

Hartina : Pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.



561. Kawas nu mulangkeun panyiraman.

Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu dipikahayang ku jelema anu téréh ajal mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé, sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.



562. Kawas siraru jadi.

Hartina : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.



563. Sireum ateulan.

Hartina : Teu rata gedéna, atawa teu rata leutikna; gedé sawaréh.



564. Sireum ogé katincak-tincak teuing mah tangtu ngégél.

Hartina : Nu leutik, tur hina ogé, ari dikaya-kaya teuing mah tangtu ngalawan ngabéla diri.



565. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran.

Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.



566. Sirung ngaliwatan tunggul.

Hartina :
Darajat atawa milik anak, ngaluhuran bapa.
Anak ninggalkeun paéh ka indung atawa ka bapana.



567. Situ kaliung ku taman.

Hartina : Anu heubeul, éta nu kawentar atawa kamashur. Anu anyar mah henteu. Upamana : Ngeunaan imah jst.



568. Sosoroh ngadon kojor.

Hartina : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan, tapi boro-boro meunang kauntungan, kalah ka meunang wiwirang jeung karugian.



569. Nyuhun, nanggung, ngélék, ngégél.

Hartina : Rébo pisan, loba naker babawaanana.



570. Suku dljieun hulu, hulu dijieun suku.

Hartina : Digawé nyiar kipayah, kalawan méakkeun tanaga jeung pikiran.



571. Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun.

Hartina : Saréréa disaruakeun baé. Mun salah, salah saréréa. Mun bener, bener saréréa.



572. Bluk nyuuh, blak nangkarak.

Hartina : Kabina-bina rajinna, dina enggoning nyiar kipayah.



573. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna.

Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus bener-bener.



574. Pakokolot supa.

Hartina : Patungturun umur, bédana ogé teu sakumaha.



575. Kawas supa jadi.

Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi dina jaman kiwari.



576. Tisusut-tidungdung.

Hartina : Kumawula ka dunungan atawa ka anak-pamajikan kalawan popohoan teuing, nepi ka nyanghareupan rupa-rupa kasusah.



577. Naheun bubu pahareup-hareup.

Hartina : Pahutang-hutang, si A boga hutang ka si B jeung si B ogé boga hutang ka si A.



578. Diguley ku taina.

Hartina : Duit anu dijalankeun téh, beuki lila beuki gedé, lain ku lantaran modalna ditambahan, tapi ngagedéanana téh ku lantaran loba kauntunganana.



579. Tai ka hulu-hulu.

Hartina : Teuing ku bodo.



580. Taya dunya kinasihan.

Hartina : Ka saha baé ogé anu dipikaasih ku urang mah, euweuh hiji barang anu dikorétkeun.



581. Carang takol.

Hartina : Saeutik caritana. Nu diomongkeun téh dicokot perluna bae.



582. Deukeut-deukeut anak taleus.

Hartina : Ari imah mah puguh oge padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti baréto, yen éta téh baraya.



583. Kawas cai dina daun taleus.

Hartina : Ngaléak-léak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.



584. Ngaliarkeun taleus ateul.

Hartina : Ngucah-ngacéhkeun perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka saréréa.



585. Taman kaliung ku situ.

Hartina : Nu anyar anu kawentar, lain nu heubeul. Ngeunaan barang, upamana : imah.



586. Témbong tambagana.

Hartina : Katémbong kagorénganana.



587. Seukeut tambang manan gobang.

Hartina : Sakumaha gagahna, wanina jeung ngalawanna ogé, jalma jahat mah awal-ahir tangtu katangkepna ku pulisi.



588. Tamiang meulit ka bitis.

Hartina : Meunang wirang ku lantaran ngucah-ngacéhkeun rasiah batur.



589. Pagirang-grang tampian.

Hartina : Paunggul-unggul dina néangan pangupa jiwa.



590. Pindah cai, pindah tampian.

Hartina : Robah tempat matuh, robah adat jeung kabiasaan.



591. Tamplok batokeun.

Hartina : Béréhan teuing, nepi ka urang mah susah.



592. Sieun bahé tuluy tamplok.

Hartina : Sieun rugi saeutik, jadina rugi gedé pisan.



593. Jauh tanah ka langit.

Hartina :
Pohara bédana, ngeunaan kakayaan atawa martabatna.
Kahayang anu luhur teuing, pimohaleun kahontal.



594. Gedé gunung pananggeuhan.

Hartina : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén. Dina urang aya kare­repet atawa butuh ku pitulung, éta jelema bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaanana.



595. Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna.

Hartina : Gusti Allah tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.



596. Kawas nanggeuy endog beubeureumna.

Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur baé nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.



597. Nanggung bugang.

Hartina : Kapapaténan ku dulur sakoloteun atawa sangoraeun.



598. Tanggung rénténg.

Hartina : Nginjeum duit ka Bank Ra'yat babarengan, nu jadi borehna lain imah, atawa tanah, tapi anu ngarinjeum téa silih borehan.



599. Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman.

Hartina : Ngariung, rarageman ngabadamikeun hiji perkara.



600. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang.

Hartina : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulia.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 4

401. Daluang katinggang mangsi.
Hartina : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
402. Manuk hiber ku jangjangna.
Hartina : Jalma hirup ku akalna. Ku lantaran boga akal, bisa nyiar kipayah.
403. Maung ompong, karéta kosong, bedil kosong.
Hartina : Matak pikasérabeun, pikasieuneun, atawa pireuwaseun.
404. Sagalak-galaking macan, moal datang ka nyatu anak.
Hartina : Sakumaha kejemna atawa tégana nu jadi bapa, moal datang ka nyilakakeun atawa ngabinasa ka nu jadi anak.
405. Méméh emal, emél heula.
Hartina : Memeh urang mahugi naon-naon ka pipamajikaneun, kudu neundeun omong heula; kudu menta jeung ditarima panglamarna heula.
407. Mopo méméh nanggung.
Hartina : Horéam, teu sanggup méméh prak.
408. Mun teu ngoprék, moal nyapék.
Mun teu ngakal, moal ngakeul.
Mun teu ngarah, moal ngarih.
Hartina : Lamun teu digawé, nyiar kipayah, tangtu pisusaheun pikeun hirup, kumaha petana bisa dahar, make jst.
409. Moal ceurik menta eusi.
Hartina : Keun bae mawa wadah anu gedé ogé, da lain hayang loba dibéréna.
406. Cara merak.
Hartina : Beuki pisan kana lada.
410. Monyét kapalingan jagong.
Hartina : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah-ngarinah karoroncodan.
411. Tuturut munding.
Hartina : Nurutan batur baé, boh bener, boh salah.
412. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan.
Hartina : Sabadana ngumbara mangtaun-taun di lembur batur, ayeuna balik ka lemah-caina.
413. Cacag-nangkaeun.
Hartina : Henteu bérés, henteu rata.
414. Nini-nini dikeningan = Éwé randa dihiasan.
Hartina : Ngamahalkeun barang naon baé anu geus ruksak, nu ngan kari sabroeun baé.
415. Nista, maja, utama.
Hartina : Ngeunaan naon baé ogé, boh kahadéan, boh kagoréngan, kakara disebut utama, lamun geus tilu kali ngalampahkeunana. Sasarina Nista, maja, utama teh dilisankeun ka jelema anu geus tilu kali ngajalankeun kajahatan, kalawan ngandung maksud : Entong dihampura, sabab geus cukup kagorénganana.
416. Teu nyaho di hitut bau.
Hartina : Bodo kacida, teu nyaho di naon-naon.
417. Teu aya sarebuk samérang nyamu.
Hartina : Teu aya saeutik-eutik acan.
418. Sapu nyéré pegat simpay..
Hartina Paturay papisah.
419. Maut nyéré ka congona.
Hartina : Keur ngora senang, tapi ari kakolotnakeun susah.
420. Nyeri beuheung sosonggéteun.
Hartina : Pohara ngarep-ngarepna, tapi anu diarep-arepna henteu jol baé datang.
421. Biwir nyiru rombengeun.
Hartina : Resep ngucah-ngacehkeun rasiah wa kaaéban, boh nu sorangan, boh nu batur.
422. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait.
Hartina : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
423. Ngobah-ngobah macan turu, ngusik-ngusik ula mandi.
Hartina : Ngaganggu atawa nyusahkeun ka gegedén; temahna matak cilaka atawa susah ka diri sorangan.
424. Hade ku omong, goréng ku omong.
Hartina : Omongan nu hadé balukarna hadé, jeung omongan anu goréng, goréng deui balukarna.
425. Omong harus batan goong.
Hartina : Béja téh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah béja anu nerekab téh leuwih hébat ti batan goong.
426. Owah gingsir.
Hartina : Henteu tetep, henteu ajeg, ganti, ngeunaan pikiran jelema.
427. Uyah tara téés ka luhur.
Hartina : Galibna sipat indung-bapa anu haradé atawa garoréng, sok diturunkeun ka anak-incuna.
428. Ieu aing uyah kidul.
Hartina : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
429. Saumur nyunyuhun hulu.
Hartina : Saumur hirup, rumingkang di bumi alam.



430. Asa ditumbu umur.

Hartina : Boga rasa kahutangan budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waktu nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.



431. Ngadagoan uncal mapal.

Hartina : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki, tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun atawa ngahasilkeun rejeki anu didago-dago téa.



432. Papadon los ka kolong.

Hartina : Cidra tina jangji, teu nedunan jangjina.



433. Rup ku padung, rap ku lemah, katuruban taneuh beureum.

Hartina : Maot.

Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.



434. Séngsérang padung.

Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu loba kénéh napsuna cara baheula keur ngora. Sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu téréh paéh.



435. Marebutkeun paisan kosong.

Hartina : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.



436. Papais-pais paray.

Hartina : Ngaredeng bareng satempat, tur bérés deuih.



437. Teu mais, teu meuleum.

Hartina : Teu pipilueun, teu aya patalina naon­naon.



438. Pait daging, pahang tulang.

Hartina : Carang gering.



439. Asa dijual payu

Hartina : Nunggelis euweuh batur, karana ditinggalkeun.



440. Ti batan meunang pala, anggur meunang palu.

Hartina : Jeung meunang kangeunahan mah, kalah ka meunang kateungeunahan (rugi, wiwirang, atawa kanyeri).



441. Nepak cai, malar cérét.

Hartina : Ngihtiaran supaya rasiah nu aya di batur, dicaritakeun ka urang.



442. Malingping pakél ku munding = Ngajul bulan ku asiwung.

Hartina : Ngajalankeun (Mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.



443. Kawas leungeun anu palid.

Hartina : Ngopépang leungeunna teu daék ci­cing: sakur jalma nu deukeut dirampa atawa di. cekel.



444. Palid ku cileuncang.

Hartina : Ngeunaan ka nu ngadu, sanajan mo­dalna gedé, ari nuju apes mah éléh ku nu modalna saeutik.



445. Monyet kapalingan jagong.

Hartina : Lalawora dina ngajaga naon baé, anu saenyana mah kudu diraksa hadé-hadé ku urang.



446. Panday tara bogaeun bedog.

Hartina : Sasarina ari tukangna mah sok tara bogaeun.



447. Cécéndét mandé kiara.

Hartina :
Nu leutik nyaruaan nu gedé.
Nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Nu lembék nyaruaan anu kuat.



448. Sarumbak panggangan.

Hartina : Sanggeus réngsé dagangna jeung daganganana geus payu kabéh.



449. Ulah pangkat méméh jeneng.

Hartina : Ulah adigung hayang nyaruaan ka nu geus jeneng, lamun urang henteu atawa tacan jeneng.



450. Sagolék pangkék,sacangreud pageuh.

Hartina : Henteu cidra kana jangji.



451. Séngsérang panon.

Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu mi­miti begér, resep nénjo ka kabogoh. Bogoh enyaan mah encan.



452. Seuneu hurung dipancaran.

Hartina : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan ku pikakeuheuleun, tangtu baé ngambekna jadi tambah.



453. Mapay ka puhu leungeun.

Hartina : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon-naon jeung euweuh patalina saeutik-eutik acan.



454. Nincak parahu dua.

Hartina : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.



455. Tunggul diparud, catang dirumpak.

Hartina : Euweuh nu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu.



456. Dihin pinasti, anyar pinanggih.

Hartina : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.



457. Pacikrak ngalawan merak = Bonténg ngalawan kadu.

Hartina : Tangtu éléhna, sabab nu leutik ngalawan nu gedé. Tangtu éléhna, sabab nu lembék ngalawan nu kuat.



458. Pelengkung beukas nyalahan.

Hartina : Ari keur ngora keneh bageur, tapi ka kolotnakeun teu bageur.



459. Saungkab peundeuy.

Hartina : Omongan anu pondok, tur kurang manis.



460. Peunggas rancatan.

Hartina : Teu bisa terus dagangna, sabab modalna geus béak.



461. Meungpeun carang ku ayakan.

Hartina :. Nyaho yen batur téh salah atawa mi­gawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu, kalah ka api-api teu nyaho.



462. Meungpeung teugeu harianeun.

Hartina : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa butuh.



463. Aya jalan komo meuntas.

Hartina : Aya pitantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.



464. Peureum kadeuleu, beunta karasa.

Hartina : Inget baé, teu bisa poho. Ieu téh lain ngeunaan kana barang, tapi ka jelema.



465. Peupeureum asu.

Hartina : Tacan mondok tibra, keur leleyepan kénéh. Sakur nu ngomong, boh di imah boh di luar, kadéngé kénéh.



466. Dikerid peuti.

Hartina : Euweuh nu tinggaleun, kolot-budak. awéwé-lalaki dibawa kabéh.



467. Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban.

Hartina : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.



468. Sabobot sapihanéan.

Hartina : Sauyunan, sapapait, samamanis, sabagja, sacilaka.



469. Bisa mihapékeun maneh.

Hartina : Hade tingkah-polahna jeung budi-basana, nepi ka batur teh nyaaheun jeung resepeun.



470. Mihapé hayam ka heulang.

Hartina : Mihapekeun duit atawa barang ka je­lema anu puguh keur pohara butuhna ku duit atawa ku barang. Balukarna : duit atawa barang urang téa digasab.



471. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.

Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang.



472. Gindi pikir, belang bayah.

Hartina : Boga pikiran goréng ka papada kawula.



473. Ngarancabang pikir.

Hartina : Loba teuing kahayang; henteu nyanghareupan kahayang sarupa baé.



474. Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak.

Hartina : Milih kalawan taliti naker, ku lantaran hayang meunang nu pangalusna pisan, tapi temahna meunang nu panggoréngna.



475. Nunggul pinang.

Hartina Nunggelis (nyorangan): geus teu indung teu bapa, teu baraya-baraya acan. Sasarina ngeunaan ka budak atawa ka jelema anu ngora keneh, tara ngeunaan aki-aki atawa nini-nini.



476. Pindah pileumpangan.

Hartina : Ganti adat, robah kalakuan, tina hadé kana goreng. Anu tadina daréhdéh, soméah tur handap asor jadi haseum budi tur adigung gedé hulu.



477. Neukteuk curuk dina pingping.

Hartina : Ngadakwakeun nu lian, tapi anu ngadakwakeunana milu susah sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.



478. Pinter aling-aling bodo.

Hartina : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur yén pinter: ku sabab éta nyeta-nyeta anu bodo.



479. Mipit teu amit, ngala teu ménta.

Hartina : Maling boga batur.



480. Piritan milu endogan.

Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.



481. Miceun batok meunang coét.

Hartina : Miceun nu goréng ku lantaran hayang meunang nu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.



482. Miceun beungeut.

Hlartina : Ngabalieur, embung padeuleu-deuleu awahing ku ngéwa atawa éra.



483. Nya picung nya hulu maung.

Hartina : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos; pananya jeung jawab téh pasalia, henteu nyambung.



484. Potol téko.

Hartina : Ngeunaan lalaki nu taya pakayana pisan.



485. Potol jarum.

Hartina : Ngeunaan awéwé nu taya pakayana pisan.



486. Puasa manggih lebaran.

Hartina : Anti saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga anu mangpang-meungpeung.



487. Luncat mulang.

Hartina : Teu beunang dicekel omonganana, sabab sok robah.



488. Riung-mungpulung.

Hartina : Ngumpul saduduluran.



489. Pupulur méméh mantun.

Hartina :
Ménta ganjaran méméh aya jasa.
Ménta buruhan méméh digawé.



490. Saluhur-luhur punduk, tara ngaliwatan hulu.

Hartina : Sapinter-pinterna murid, pangartina moal leuwih ti guruna.



491. Mupugkeun tai kanjut.

Hartina : Ngetrukkeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.



492. Pur manuk.

Hartina : Ari upah duit mah meunang, ngan henteu meunang dahareun atawa ududeun cara sasari.



493. Puraga tamba kadengda.

Hartina : Migawé hiji pagawéan henteu jeung enya-enya. Henteu ngandung maksud supaya hadé hasilna, ieu mah padu ulah dipaido baé.



494. Nyieun pucuk ti girang.

Hartina : Néangan pilantaraneun paséa, parebut bener.



495. Pucuk awian.

Hartina : Henteu puguh tangtunganana, gampang pisan kapangaruhan ku nu séjén.

496. Lieuk euweuh ragap taya.

Hartina : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon-naon.

497. Rambat kamalé.

Hartina : Dina ayana perkara, maké ngarawél ka si itu, mamawa ka si ieu, tapi temahna mah urang sorangan anu salah jeung anu disalahkeunana.

498. Hapa-hapa gé ranggeuyan.

Hartina : Enya ari miskin téa mah, ngan lumayan, da ari salaki mah boga.

499. Ngarangkay koja.

Hartina : Robah adat, tina hadé kana goréng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.

500. Ngarangkaskeun dungus.

Hartina : Ari hayangna jeung bogohna mah geus ti baréto, ti keur ngora kénéh, ngan boh lalaki boh awéwé, kaselang heula ku kawin ka nu séjén. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo.