Tampilkan postingan dengan label paribasa sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label paribasa sunda. Tampilkan semua postingan

Jumat, 22 Maret 2013

Kamus Sunda Sederhana

Paririmbon tina kecap rimbu.
Rimbu (basa Kawi) = Simpen.
Paririmbon = Buku sisimpenan = Buku anu ngandung elmu nu jarero.
Urang Sunda pituin = Urang Sunda asli = Urang Sunda tulén.
Pepeling = Papatah.
Gumelar = Lahir ka dunya. Satungtung = Salilana.
Ihtiar = Usaha.
Nungtut elmu = Ngumpulkeun pangarti = Ngumpulkeun pangaweruh.
Nyiar dunya = Neangan rejeki = Nyiar kipayah = Neangan kahirupan.
Malahmandar = Susuganan = Sugan pareng.
Bubuka = Pangangkat carita.
Ngumbara = Cicing di lembur batur.
Nusantara = Indonésia.
Ngitung lembur = Nyaba ka mana-mana.
Ngajajah milangan kori = Nyaba ka mana-mana.
Ngajajah = Ngider nganyahokeun tempat-tempat.
Kori = Lawang kori = Panto (babakuna panto anu peundeutna dua).
Ngemban timbalan = Ngajalankeun paréntah.
Ibu Pertiwi = Lemah cai.
Kénging lara = Kénging kanyerian, atanapi udur.
Tunggara = Kasusah.
Kuciwa = Kateungeunah haté.
Dadak sakala = Harita kénéh.
Mitra = Sobat.
Sunda ngumbara = Urang Sunda nu matuh di lembur batur.
Ngalalana = Nyaba kalunta-lunta (kateterusan) henteu puguh nu dijugjug, henteu terang nu ditéang, henteu nyata nu diseja.
Kapihatur = Kapiunjuk.
Sebrang = Peuntas.
Cicirén tina ciri. Ciri = Tanda.
Tri = Tilu. Murti = Badan. Trimurti = Tilu badan (perkara) anu ngahiji.
Sajati = Tulén = Asli = Henteu palsu.
Lenyepan = Hartikeun atawa rasakeun enya-enya. Lemesna : Hartoskeun atanapi raoskeun yaktos-yaktos.
Supados lemesna tina : supaya.
Émutan lemesna tina : ingetan.
Utama = Euweuh cawadeunana.
Hancaeun = Garapeun.
Pulasara = Urus samistina.
Pusaka = Titinggal karuhun.
Pitutur = Pepeling.
Kakantun lemesna tina titinggal.


Para karuhun = Para luluhur anu geus maraot, geus areuweuh (taya) di kieuna.
Seuweu =

I. Anak jelema.

II. Anak putu Nabi Adam = Turunan Nabi Adam = Jelema-jelema.

Paré nyeuweu = Paré ngadapur, loba anakna.

Awi nyeuweu = Awi ngadapur, loba anakna.

III. Ngaran sabagian tina bubu, gawéna pikeun nahan lauk anu geus asup kana jero bubu supaya henteu kaluar deui.
Siwi = Anak; sok dipake oge pikeun sesebutan, ka putra raja anu pameget. Siwi teh basa Kawi. Seuweu-siwi Pajajaran = Turunan Pajajaran. Nu dimaksud : urang Sunda
Seuweu-siwi = Turunan = Jalma-jalma. Nini-aki = Luluhur.
Basa Sangsekerta atawa Sangsakerta = Basa kuna di tanah Hindu. Dina agama Brahma nu dipakéna basa Sangsekerta. Di Indonésia loba kénéh kecap-kecap Sangsekerta; ayana dina ngaran jelema-jelema atawa kota-kota. Contona :

Ngeunaan ngaran jelema-jelema:


Nataprawira. Nata = Ratu = Raja. Prawira = Kendel, teteg haté.
Gandakusuma. Ganda = Seungit. Kusuma = Kusumah = Kembang.
Wijayakusuma = Kembang kajayaan.
Kartasasmita. Karta atawa Kerta = Aman. Sasmita = Misil atawa perlambang. Dina basa Walanda : Symbool.
Surawijaya. Sura = Déwa. Wijaya = Kaunggulan = Kajayaan.
Somawisésa. Soma = Bulan. Wisésa = Maha kawasa.
Wirasumantri. Wira = Lalaki atawa prajurit atawa kekentong. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Mantri = Ponggawa = Pagawé Nagara.
Gandasudirja. Ganda = Seungit. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Di pondokna tina Hadi = Hade atawa alus (basa Kawi). Reja = Raharja (Harja) dina basa Sunda, hartina : Ma’mur, teu kurang sandang pangan.
Jayadisastra. Jaya = Unggul. Di tina Hadi = Hadé atawa alus (basa Kawi). Sastra = Tulisan.
Wiriasaputra. Wiria = Wira = Lalaki atawa prajurit atawa keken­tong. Sa = Hiji. Putra = Anak lalaki.



Ngeunaan kota-kota :


lndragiri. Indra = Déwa. Giri = Gunung.
Purwakarta. Purwa = I. Wétan jeung II. Mimiti, Karta = Kerta = Aman. Dina basa Jawa: Purwokerto.
Sidareja. Sida = Tulus. Reja = Ma'mur. Dina basa Jawa : Sidorejo.
Singapura. Singa = Singa. Pura = Karaton.
Surabaya. Sura = Déwa = Wani. Baya = Bahya = Bahaya. Dina basa Jawa : Suroboyo.

· Kawi (basa Sangsakerta) = Bujangga.

· Basa Kawi = Kecap-kecap nu baheula nu sok dipaké ku para bujangga.



Contona:


Nétra = Panon.
Kerta = Karta = Aman.
Su = Hadé atawa alus.
Hadi = Di = Hadé atawa alus.
Lalis = Paéh.
Niskara = Kabéh.
Marcapada = Bumi.
Panji = Bandéra.
Daya = Kakuatan atawa hojah.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 6

601. Ngalebur tapak.
Hartina : Boga ngaran anu goréng ku lantaran keur ngora goréng laku-lampahna. Pikeun ngalebur dosa jeung ngoméan ngaran nu geus goréng téa, ka kolotnakeun jadi bageur: hadé laku-lampahna.
602. Uyah tara téés ka luhur.
Hartina : Kalakuan atawa sipat-sipat anu garoréng, mindeng pisan nurun ka anak-incu.
603. Nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju).
Hartina : Ménta pangampura jeung ménta tim­bangan, da puguh geus rumasa ari salah jeung dosa mah.
604. Teu ditari, teu ditakon.
Hartina : Teu dipaliré, diantep baé. Teu ditanya-tanya acan.
605. Tatah wadung.
Hartina : Banda meunang hésé capé, upamana imah turunan jst.
606. Témbong gelor.
Hartina : Jigana deukeut, tapi saenyana mah jauh.
607. Ditangtang-diténgténg, dijieun bonténg sapasi.
Hartina : Dipandang anéh (modél).
608. Népakeun jurig pateuh.
Hartina : Puguh urang anu goréng, tapi kago­réngan urang téh ditamplokkeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
609. Kawas térong beulah dua.
Hartina : Sarua baé rupana (sakarupa), naha adi jeung lanceuk atawa anak jeung indung-bapa.
610. Nété tarajé, nincak hambalan.
Hartina : Kudu merenah. Lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus, beuki ditu, beuki ka nu leuwih luhur pangkatna.
611. Nété sémplék, nincak semplak.
Hartina : Kieu salah, kitu salah, taya hiji pausahaan anu ngahasilkeun, taya hiji kalakuan anu nguntungkeun.
612. Nu temen tinemenan.
Hartina : Nu enya-enya usahana pikeun ngahon­tal kahayangna, bisa tinekanan maksudna.
613. Katempuhan buntut maung.
Hartina : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
614. Nepak cai malar cérét.
Hartina : Ngomongkeun jeung ngagogoréng ka batur, supaya batur téh ragrag ngaranna jeung kawentar kagorénganana. Nu dipalar, supaya ngan urang wungkul anu dipikaresep ku sobat jeung nu pangseubeuhna ngahakan pakayana.
615. Tilas tepus.
Hartina : Ngan ukur cukup baé, teu aya leuwih­na, teu aya kurangna.
616. Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun, peung­gas harupateun.
Hartina : Heuras haténa, teu sabar dina nyanghareupan rupa-rupa kasusahan jeung babari luluasan.
617. Nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri, beuki dinyenyeri, nu keur cilaka, beuki dicilakakeun.
618. Neundeun haté.
Hartina : Boga kahayang nu dirasiahkeun.
619. Neundeun piheuleut, nunda picela.
Hartina : Néangan pilantaraneun supaya jadi go­réng; supaya temahna papisah, teu ngahiji deui.
620. Oray néangan paneunggeul.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun, ku nyampeurkeun jelema anu keur ijid atawa ngambek ka urang.
621. Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Milampah anu moal pihasileun.
622. Héjo tihang.
Hartina : Remen pindah tempat, imah atawa pagawéan.
623. Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah.
Hartina : Nya goréng rupana, nya goréng kalakuanana, sok daék pulang-paling.
624. Tiis-tiis jahé.
Hartina : Henteu ribut, senang-senang baé, sa­najan nyanghareupan pagawéan anu loba, tur bangga.
625. Tiis ceuli hérang mata.
Hartina : Ngeunah haté ku lantaran ngeunah deudeuleuan jeung dédéngéan.
626. Tikoro andon peso.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun atawa pisusaheun, ku nyampeurkeun jelema nu keur ijid atawa ngambek ka urang.
627. Tikoro kotokeun.

Hartina :
Lamun ngeunaan papakéan, hayang buru-buru dikaput jeung anggeus, supaya buru-buru bisa dipaké.
Lamun ngeunaan kadaharan, hayang buru-buru asak, basana téh hayang ngasaan kumaha rasana.
Gampang pisan laparna.



628. Awak satilas.

Hartina : Jangkung lenjang.



629. Ngadek sacékna, nilas saplasna.

Hartina : Ngomongna henteu diréka-réka, satarabasna baé, euweuh anu dipaké sumput-salindung.



630. Nilik bari ngeusi.

Hartina : Babanda ngumpulkeun parabot imah, henteu disakalikeun, tapi ditungtut, saeutik-saeutik, lila-lila ogé loba.



631. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup.

Hartina : Lenjang jeung geulis rupana.



632. Bilatung ninggang dagé.

Hartina : Meunang kauntungan.



633. Salah tincak.

Hartina : Goréng kalakuanana, teu merenah paripolahna.



634. Ditiung geus hujan.

Hartina : Kakara ati-ati, sanggeus meunang kasusahan atawa kacilakaan.



635. Tipu keling, ragaji Inggris.

Hartina : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.



636. Titirah ngadon kanceuh.

Hartina : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusahan nu leuwih gedé.



637. Gurat cai.

Hartina : Jalir jangji.



638. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.

Hartina : Sauyunan, layeut pisan, kamana-mana ogé babarengan baé.



639. Kumaha kejebur caina, geletuk batuna baé.

Hartina : Kumaha béhna baé, henteu jadi pikiran.



640. Cara cai dina daun bolang.

Hartina : Papatah anu henteu digugu, atuh teu aya mangpa'atna.



641. Caina hérang, laukna beunang.

Hartina : Hasil maksud kalawan bérés, teu aya kaributan atawa pacéngkadan naon-naon.



642. Nyicikeun cai, murulukkeun lebu.

Hartina : Turun cadu (Cacaduan). Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.



643. Cangkir emas eusi délan.

Hartina : Omonganana mah alus, nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.



644. Caréham hayameun.

Hartina : Gampang pisan laparna.



645. Teu cari ka Batawi, tapi ka salaki.

Hartina : Hakan-paké hayang ti salaki.



646. Rumbak caringin di buruan.

Hartina : Dina aya kasusahan atawa karerepet, geus teu boga kolot saluhureun anu bisa mépélingan ka urang.



647. Wiwirang di kolong catang, nya gedé, nya panjang.

Hartina : Wiwirang anu pohara gedéna.



648. Katumbukan catur, kadatangan carita.

Hartina : Loba anu embung, sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.



649. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, ka koncara ka mancanagara.

Hartina : Kawentar ka mana-mana.



650. Ceuli léntaheun.

Hartina : Resep ngadéngékeun kagoréngan atawa kaaéban batur.



651. Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisu­mur.

Hartina : Sasarina lamun geus aya pacéngkadan, sok tara bisa hadé deui cara baréto saméméh aya pasalia pikir.



652. Ngalétak ciduh.

Hartina : Narik atawa ngabatalkeun.



653. Nyiduh ka langit.

Hartina : Mapatahan ka nu saluhureun umurna, pangkatna atawa kanyahona.



654. Cikal bugang.

Hartina : Maot pangheulana dina pangperangan.



655. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.

Hartina : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé, laun-laun jadi bisa.



656. Cicing dina sihung maung.

Hartina : Nganjrek di jelema anu bisa nyusah­keun atawa nyilakakeun ka diri urang.



657. Clik putih, clak hérang.

Hartina : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, pasrah pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.



658. Nyokor = Néngtérégé = Ningnang.

Hartina : Make pakéan naon ogé teu pantes baé.



659. Nyokot lésot, ngeumbing porot.

Hartina : Taya usaha anu ngahasilkeun.



660. Nyolok mata buncelik.

Hartina : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa laku-lampah goréng di hareupeunana.



661. Nyolong badé.

Hartina : Sulaya tina taksiran. Disangka goréng, saenyana hadé atawa sabalikna. Disangka bodo, saenyana pinter atawa sabalikna jst.



662. Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna.

Hartina : Kumaha arék bageurna di nu jadi anak, lamun bapana henteu bageur jst.



664. Cueut ka hareup.

Hartina : Geus kolot, geus deukeut ka paéh.



665. Bentik curuk balas nunjuk.

Hartina : Ngan maréntah baé ka batur, ari prak ku manéh mah henteu.



663. Nyoo gado.

Hartina : Ngamaénkeun jelema anu kudu dihormat, boh sakoloteun, boh saluhureun.



666. Ngégél curuk.

Hartina : Lapur teu meunang hasil naon-naon.



667. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda.

Hartina : Perkara leutik, tapi bisa jadi matak cilaka.



668. Kawas cucurut kaibunan.

Hartina : Ngeunaan ka jelema anu goréng patut rupana, matak sareukseuk panon anu nénjo.



669. Nuju hurup ninggang wirahma.

Hartina : Ngeunaan ka nu ngaji, laguna alus, ngecapkeunana bener jeung panjang pondokna merenah.



670. Tugur tundan, cuntang gantang.

Hartina : Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara.



671. Keur tulang-tonggong.

Hartina : Kakayaan anu matak teteg atawa reugreug kana haté, karana sawaktu-waktu lamun aya kaperluan penting, bisa dipaké.



672. Nulungan anjing tiselap.

Hartina : Nulungan jelema anu teu aya panari­mana.



673. Matih tuman batan tumbal.

Hartina : Leuwih gedé hasilna tina latihan ti batan tina tumbal atawa jampé.



674. Tumpang-sirang.

Hartina :
Tumarumpang, teu leleb cumonggahna.
Teu pantes barang pakéna.



675. Tunggul kuras.

Hartina : Teuteundeunan (duit) anu kakara dipaké lamun pohara perluna.



676. Tunggul sirungan, catang supaan.

Hartina : Aya kajadian anu goréng atawa matak teu ngeunah di ahirna.



677. Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait.

Hartina : Ti batan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula, naon anu matak pisusah­eunana.



678. Ngabéjaan bulu tuur.

Hartina : Ngabéjaan ka nu geus nyahoeun.



679. Nurub cupu.

Hartina : Repok anu alus pisan, lalakina kasép, awéwéna geulis, lalakina bageur, awéwéna satia jst.



680. Turun ka ranjang.

Hartina :
Mun ninggang di awéwé, kawin ka adi salakina anu geus maot.
Mun ninggang di lalaki, kawin ka adi pamajikan­ana nu geus maot.



681. Tuturut munding.

Hartina : Nurutan batur, kalawan teu dipikir heula hade goréngna.



682. Gunung tanpa tutugan.

Hartina : Euweuh anggeusna, teu béak-béak. Sasarina ngeunaan pagawéan atawa perkara.



683. Tutung atahan.

Hartina :
Mun ngeunaan pagawéan atawa jijieunan : hadé sawaréh.
Mun ngeunaan pangarti : aya nu apal, aya nu henteu, atawa aya nu bisa, aya nu henteu.



684. Nuturkeun indung suku.

Hartina : Leumpang sakaparan-paran.



685. Bilih aya tutus bengkung.

Hartina : Bilih lepat pokpokanana.



686. Lungguh tutut.

Hartina : Siga lungguh, tapi ari saenyana mah henteu.



687. Tuang jinis.

Hartina : Seuri mani akey-akeyan ku lulucon anu sorangan, tapi babaturan mah marolongo bae da teu ngalartieun.



688. Noong ka kolong.

Hartina : Leutik haté, leutik pangharepan.



689. Sawaja sabeusi.

Hartina : Sarua ménakna atawa beungharna. Ngeunaan ka nu laki-rabi.



690. Kawas wayang pangsisina.

Hartina : Goréng rupana. Ngeunaan ka jelema.



691. Diwayangkeun.

Hartina : Remen dicaritakeun kahadéanana atawa kagorénganana ka jalma loba.



692. Nyukcruk walungan, mapay-mapay wahangan.

Hartina : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur; imeut pisan ti bapa ka aki jeung saterusna.



693. Atah warah.

Hartina : Kurang atikan (didikan).

Cirina : Dusun. Basa jeung paripolahna loba nu salah.



694. Asak warah.

Hartina : Cukup atikan (didikan).

Cirina : Henteu dusun, basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.



695. Waspada permana tingal.

Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian.



696. Wawuh munding.

Hartina : Ngan ukur wawuh meueusan. Di jalan mah sok silih tanya, tapi teu nyaho di ngaranna atawa tempatna.



697. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang.

Hartina : Balukarna henteu wawuh atawa henteu loma, tangtu pajauh atawa paanggang, henteu raket, teu medok sosobatan, teu silih tulungan atawa silib béréan. Hadéna mah sabalikna, sing wawuh jeung sing loma, sabab balukarna hadé pisan : Jadi sobat anu medok pisan, nepi ka silih tulungan, silih belaan dina aya bancang-pakéwuh.



698. Weruh sadurung winarah.

Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian, saméméh aya anu, mapatahan atawa ngajar.



699. Wong becik ketitik, wong ala ketara.

Hartina : Kahadéan atawa kagoréngan urang teu bisa disumputkeun dibuni-buni, awal-ahir bakal nembrak katémbong. Ieu téh pépéling, supaya urang nunda laku-lampah anu salah.



700. Wong asih ora kurang pangalem, wong sengit ora kurang panyacad.

Hartina : Nu keur nyaah, deudeuh, moal kurang pijalaneunana enggoning némbongkeun kanyaahna atawa kadeudeuhna, naha ku omongan atawa ku barang.

Sabalikna; nu keur ambek atawa ngéwa, moal kurang pijalaneunana enggoning nembrakkeun kakeuheulna atawa kangéwana.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 5

501. Teu boga pikir rangkepan.
Hartina : Teu curiga saeutik-eutik acan.
502. Raweuy beuweungeun, rambay alaeun.
Hartina : Loba dahareun, da loba pepelakan.
503. Asa rawing daun ceuli.
Hartina : Teu ngeunah haté ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
504. Karawu kapangku.
Hartina :
Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus bisa nutup pangaluaran.
Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari ngeunahna baé.
505. Bohong dirawuan.
Hartina : Kacida rahulna.
506. Ngarawu ku siku.
Hartina : Loba teuing anu disanghareupan ku lantaran hayang meunang kauntungan anu gedé, temahna teu meunang kauntungan naon-naon, sabab ieu teu kacabak, itu teu kapigawé.
507. Endog sasayang remek hiji, remek kabéh.
Hartina : Kajeun cilaka babarengan ti batan ngan saurang anu salamet, ari nu séjénna mah carilaka kabéh.
508. Aya réngkolna.
Hartina : Aya tulisanana.
509. Rejeki maungeun.
Hartina : Rejeki anu gede anu datangna bleg sakalian, ngan hanjakalna rejeki anu bleg-blegan kitu mah langka pisan kapanggihna.
510. Sareundeuk saigel = Sabobot sapihanéan = Sabata sarimbagan.
Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
511. Reuntas ku tingkah.
Hartina : Turun harkat ku lantaran goréng laku­lampah.
512. Uncal tara ridu ku tanduk.
Hartina : Jelema mah tara pusing atawa kaganggu ku élmuna anu loba.
513. Sabata sarimbagan.

Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.



514. Riung mungpulung.

Hartina : Duduluran karumpul kabéh.



515. Kawas ka budak rodék hulu.

Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.



516. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.

Hartina : Nu keur susah ditambah deui kasusah­anana.



517. Pada rubak sisi samping.

Hartina : Sarua bae pada loba- luangna, pada loba pangalamanana.



518. Piruruhan dikatengah-imahkeun.

Hartina : Nu dusun kurang didikan, dibawa kana médan (pasamoan).



519. Rusuh luput = Gancang pincang.

Hartina : Migawé naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung, sabab hasilna teu matak nyugemakeun.



520. Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan.

Hartina : Junun nyanghareupan pagawéan anu nuju dilampahkeun, teu kaganggu ku naon-naon.



521. Taya halodo panyadapan.

Hartina : Taya eureunna digelendeng atawa dicarékan.



522. Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah.

Hartina : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka nu geus beunghar.



523. Sagara tanpa tepi.

Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.



524. Nyair hurang meunang kancra.

Hartina : Sugan teh arék meunang kauntungan; kamuliaan atawa bagja anu leutik, manahoréng meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu gedé.



525. Nyaliksik ka buuk leutik.

Hartina : Nyusahkeun, peperedihan atawa pépéntaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.



526. Nyalindung di caangna.

Hartina : Ngahaja meres rahayat supaya meunang kauntungan anu leuwih gedé ku jalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung atawa dunungan.



527. Nyalindung ka gelung.

Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Nu dipalar milu hirup senang, teu karana hésé jeung capé.



528. Samagaha pikir.

Hartina : Bingung, poékeun haté, susah pikir.



529. Kawas hayam panyambungan.

Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.



530. Awak sampayaneun.

Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.



531. Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang.

Hartina : Sumerah, masrahkeun diri, rék dibeureum rek dihideung kari kumaha di dinya baé, tina rumasa geus salah atawa boga dosa.



532. Asa nyanghulu ka jarian.

Hartina : Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.



533. Titip diri, sangsang badan.

Hartina : Mihapékeun diri.



534. Sangsara di geusan betah.

Hartina : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan ku lantaran geus embung digawé nyiar kipayah. Anéhna téh, ari hirup mah hayang kénéh.



535. Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah.

Hartina : Ari laku-lampahna mah kawas santri, tapi sok daék cukat-cokot (ceceremed).



536. Langsung saur, bahe carék.

Hartina : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.



537. Élmu sapi.

Hartina : Samiuk (guyub) dina kagorengan.



538. Sapi anut ka banténg.

Hartina : Awéwé nuturkeun ka salakina.



539. Sari gunung.

Hartina : Ngeunaan ka jelema anu ti kajauhan mah katémbongna teh kasép atawa geulis, tapi ari geus deukeut bréh baé yén rupana teh goréng patut.



540. Satru kabuyutan.

Hartina : Musuh nu geus lila pisan.



541. Sawan geureuh.

Hartina : Teu tulus rék kawinna, boro geus loba nu nyarahoeun jeung nyaritakeun.



542. Sawan kuya.
Ari naékna mah bisa jeung gampang, ngan turun­na teu bisa jeung hésé deuih.
Gampang ari meunangna pagawéan mah, ngan hésé béléké pikeun kaluarna.



543. Sawan goléah.

Hartina : Mondok teu milih heula tempat anu pantes; abong-abong geus tunduh, di mana baé dugna. Di dinya tunduh, di dinya goléah.



544. Nété semplék, nincak semplak.

Hartina : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug-turug kasusah nambahan deuih.



545. Rujak sentul.

Hartina : Jelema nu teu ngartieun kana maksud omongan atawa carita batur.



546. Sereg di buana, logor di liang jarum.

Hartina : Ku lantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu ramé, sabab sieun; karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.



547. Seuneu hurung, cai caah.

Hartina : Keur amarah, keur ambek, keur napsu.



548. Nyeungeut damar di suhunan.

Hartina : Ku lantaran pupujieun, ari ka deu­ngeun mah daréhdéh jeung méré mawéh, tapi ari ka baraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung korét deuih.



549. Nyeungseurikeun upih ragrag.

Hartina : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas, huntu geus ompong, tonggong geus bengkung, turtaning ieu téh kahareup mah ku urang saréréa bakal kasorang.



550. Seuseut batan neureuy keueus.

Hartina : Hésé pisan.



551. Hurung nangtung siang leumpang.

Hartina : Eukeur mah beunghar, loba pakéan anu aralus, turug-turug resep ngaginding deuih.



552. Nyiar batuk piaraheun.

Hartina : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.



553. Sieuran.

Hartina : Sapaliwat mah siga goréng rupana, tapi lamun diawas-awas bet tegep tur manis.



554. Teu dipiceun sasieur.

Hartina : Sarua pisan teu aya bédana saeutik-eutik acan.



555. Aya di sihung maung.

Hartina : Ku lantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.



556. Medal sila.

Hartina : Ninggalkeun pasamoan tacan waktuna, lantaran ambek nyedek atawa meunang wiwirang anu gedé.



557. Jati kasilih ku junti.

Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing, upamana : dina perkara nyiar kipayah.



558. Nu titeuleum disimbeuhan = Nu borok dirorojok.

Hartina : Nu keur nandangan lara jeung susah, heug ditambahan kanyenyerianana deuih.



559. Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung.

Hartina : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.



560. Nyiuk cai ku ayakan.

Hartina : Pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.



561. Kawas nu mulangkeun panyiraman.

Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu dipikahayang ku jelema anu téréh ajal mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé, sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.



562. Kawas siraru jadi.

Hartina : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.



563. Sireum ateulan.

Hartina : Teu rata gedéna, atawa teu rata leutikna; gedé sawaréh.



564. Sireum ogé katincak-tincak teuing mah tangtu ngégél.

Hartina : Nu leutik, tur hina ogé, ari dikaya-kaya teuing mah tangtu ngalawan ngabéla diri.



565. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran.

Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.



566. Sirung ngaliwatan tunggul.

Hartina :
Darajat atawa milik anak, ngaluhuran bapa.
Anak ninggalkeun paéh ka indung atawa ka bapana.



567. Situ kaliung ku taman.

Hartina : Anu heubeul, éta nu kawentar atawa kamashur. Anu anyar mah henteu. Upamana : Ngeunaan imah jst.



568. Sosoroh ngadon kojor.

Hartina : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan, tapi boro-boro meunang kauntungan, kalah ka meunang wiwirang jeung karugian.



569. Nyuhun, nanggung, ngélék, ngégél.

Hartina : Rébo pisan, loba naker babawaanana.



570. Suku dljieun hulu, hulu dijieun suku.

Hartina : Digawé nyiar kipayah, kalawan méakkeun tanaga jeung pikiran.



571. Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun.

Hartina : Saréréa disaruakeun baé. Mun salah, salah saréréa. Mun bener, bener saréréa.



572. Bluk nyuuh, blak nangkarak.

Hartina : Kabina-bina rajinna, dina enggoning nyiar kipayah.



573. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna.

Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus bener-bener.



574. Pakokolot supa.

Hartina : Patungturun umur, bédana ogé teu sakumaha.



575. Kawas supa jadi.

Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi dina jaman kiwari.



576. Tisusut-tidungdung.

Hartina : Kumawula ka dunungan atawa ka anak-pamajikan kalawan popohoan teuing, nepi ka nyanghareupan rupa-rupa kasusah.



577. Naheun bubu pahareup-hareup.

Hartina : Pahutang-hutang, si A boga hutang ka si B jeung si B ogé boga hutang ka si A.



578. Diguley ku taina.

Hartina : Duit anu dijalankeun téh, beuki lila beuki gedé, lain ku lantaran modalna ditambahan, tapi ngagedéanana téh ku lantaran loba kauntunganana.



579. Tai ka hulu-hulu.

Hartina : Teuing ku bodo.



580. Taya dunya kinasihan.

Hartina : Ka saha baé ogé anu dipikaasih ku urang mah, euweuh hiji barang anu dikorétkeun.



581. Carang takol.

Hartina : Saeutik caritana. Nu diomongkeun téh dicokot perluna bae.



582. Deukeut-deukeut anak taleus.

Hartina : Ari imah mah puguh oge padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti baréto, yen éta téh baraya.



583. Kawas cai dina daun taleus.

Hartina : Ngaléak-léak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.



584. Ngaliarkeun taleus ateul.

Hartina : Ngucah-ngacéhkeun perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka saréréa.



585. Taman kaliung ku situ.

Hartina : Nu anyar anu kawentar, lain nu heubeul. Ngeunaan barang, upamana : imah.



586. Témbong tambagana.

Hartina : Katémbong kagorénganana.



587. Seukeut tambang manan gobang.

Hartina : Sakumaha gagahna, wanina jeung ngalawanna ogé, jalma jahat mah awal-ahir tangtu katangkepna ku pulisi.



588. Tamiang meulit ka bitis.

Hartina : Meunang wirang ku lantaran ngucah-ngacéhkeun rasiah batur.



589. Pagirang-grang tampian.

Hartina : Paunggul-unggul dina néangan pangupa jiwa.



590. Pindah cai, pindah tampian.

Hartina : Robah tempat matuh, robah adat jeung kabiasaan.



591. Tamplok batokeun.

Hartina : Béréhan teuing, nepi ka urang mah susah.



592. Sieun bahé tuluy tamplok.

Hartina : Sieun rugi saeutik, jadina rugi gedé pisan.



593. Jauh tanah ka langit.

Hartina :
Pohara bédana, ngeunaan kakayaan atawa martabatna.
Kahayang anu luhur teuing, pimohaleun kahontal.



594. Gedé gunung pananggeuhan.

Hartina : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén. Dina urang aya kare­repet atawa butuh ku pitulung, éta jelema bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaanana.



595. Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna.

Hartina : Gusti Allah tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.



596. Kawas nanggeuy endog beubeureumna.

Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur baé nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.



597. Nanggung bugang.

Hartina : Kapapaténan ku dulur sakoloteun atawa sangoraeun.



598. Tanggung rénténg.

Hartina : Nginjeum duit ka Bank Ra'yat babarengan, nu jadi borehna lain imah, atawa tanah, tapi anu ngarinjeum téa silih borehan.



599. Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman.

Hartina : Ngariung, rarageman ngabadamikeun hiji perkara.



600. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang.

Hartina : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulia.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 4

401. Daluang katinggang mangsi.
Hartina : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
402. Manuk hiber ku jangjangna.
Hartina : Jalma hirup ku akalna. Ku lantaran boga akal, bisa nyiar kipayah.
403. Maung ompong, karéta kosong, bedil kosong.
Hartina : Matak pikasérabeun, pikasieuneun, atawa pireuwaseun.
404. Sagalak-galaking macan, moal datang ka nyatu anak.
Hartina : Sakumaha kejemna atawa tégana nu jadi bapa, moal datang ka nyilakakeun atawa ngabinasa ka nu jadi anak.
405. Méméh emal, emél heula.
Hartina : Memeh urang mahugi naon-naon ka pipamajikaneun, kudu neundeun omong heula; kudu menta jeung ditarima panglamarna heula.
407. Mopo méméh nanggung.
Hartina : Horéam, teu sanggup méméh prak.
408. Mun teu ngoprék, moal nyapék.
Mun teu ngakal, moal ngakeul.
Mun teu ngarah, moal ngarih.
Hartina : Lamun teu digawé, nyiar kipayah, tangtu pisusaheun pikeun hirup, kumaha petana bisa dahar, make jst.
409. Moal ceurik menta eusi.
Hartina : Keun bae mawa wadah anu gedé ogé, da lain hayang loba dibéréna.
406. Cara merak.
Hartina : Beuki pisan kana lada.
410. Monyét kapalingan jagong.
Hartina : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah-ngarinah karoroncodan.
411. Tuturut munding.
Hartina : Nurutan batur baé, boh bener, boh salah.
412. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan.
Hartina : Sabadana ngumbara mangtaun-taun di lembur batur, ayeuna balik ka lemah-caina.
413. Cacag-nangkaeun.
Hartina : Henteu bérés, henteu rata.
414. Nini-nini dikeningan = Éwé randa dihiasan.
Hartina : Ngamahalkeun barang naon baé anu geus ruksak, nu ngan kari sabroeun baé.
415. Nista, maja, utama.
Hartina : Ngeunaan naon baé ogé, boh kahadéan, boh kagoréngan, kakara disebut utama, lamun geus tilu kali ngalampahkeunana. Sasarina Nista, maja, utama teh dilisankeun ka jelema anu geus tilu kali ngajalankeun kajahatan, kalawan ngandung maksud : Entong dihampura, sabab geus cukup kagorénganana.
416. Teu nyaho di hitut bau.
Hartina : Bodo kacida, teu nyaho di naon-naon.
417. Teu aya sarebuk samérang nyamu.
Hartina : Teu aya saeutik-eutik acan.
418. Sapu nyéré pegat simpay..
Hartina Paturay papisah.
419. Maut nyéré ka congona.
Hartina : Keur ngora senang, tapi ari kakolotnakeun susah.
420. Nyeri beuheung sosonggéteun.
Hartina : Pohara ngarep-ngarepna, tapi anu diarep-arepna henteu jol baé datang.
421. Biwir nyiru rombengeun.
Hartina : Resep ngucah-ngacehkeun rasiah wa kaaéban, boh nu sorangan, boh nu batur.
422. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait.
Hartina : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
423. Ngobah-ngobah macan turu, ngusik-ngusik ula mandi.
Hartina : Ngaganggu atawa nyusahkeun ka gegedén; temahna matak cilaka atawa susah ka diri sorangan.
424. Hade ku omong, goréng ku omong.
Hartina : Omongan nu hadé balukarna hadé, jeung omongan anu goréng, goréng deui balukarna.
425. Omong harus batan goong.
Hartina : Béja téh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah béja anu nerekab téh leuwih hébat ti batan goong.
426. Owah gingsir.
Hartina : Henteu tetep, henteu ajeg, ganti, ngeunaan pikiran jelema.
427. Uyah tara téés ka luhur.
Hartina : Galibna sipat indung-bapa anu haradé atawa garoréng, sok diturunkeun ka anak-incuna.
428. Ieu aing uyah kidul.
Hartina : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
429. Saumur nyunyuhun hulu.
Hartina : Saumur hirup, rumingkang di bumi alam.



430. Asa ditumbu umur.

Hartina : Boga rasa kahutangan budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waktu nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.



431. Ngadagoan uncal mapal.

Hartina : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki, tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun atawa ngahasilkeun rejeki anu didago-dago téa.



432. Papadon los ka kolong.

Hartina : Cidra tina jangji, teu nedunan jangjina.



433. Rup ku padung, rap ku lemah, katuruban taneuh beureum.

Hartina : Maot.

Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.



434. Séngsérang padung.

Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu loba kénéh napsuna cara baheula keur ngora. Sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu téréh paéh.



435. Marebutkeun paisan kosong.

Hartina : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.



436. Papais-pais paray.

Hartina : Ngaredeng bareng satempat, tur bérés deuih.



437. Teu mais, teu meuleum.

Hartina : Teu pipilueun, teu aya patalina naon­naon.



438. Pait daging, pahang tulang.

Hartina : Carang gering.



439. Asa dijual payu

Hartina : Nunggelis euweuh batur, karana ditinggalkeun.



440. Ti batan meunang pala, anggur meunang palu.

Hartina : Jeung meunang kangeunahan mah, kalah ka meunang kateungeunahan (rugi, wiwirang, atawa kanyeri).



441. Nepak cai, malar cérét.

Hartina : Ngihtiaran supaya rasiah nu aya di batur, dicaritakeun ka urang.



442. Malingping pakél ku munding = Ngajul bulan ku asiwung.

Hartina : Ngajalankeun (Mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.



443. Kawas leungeun anu palid.

Hartina : Ngopépang leungeunna teu daék ci­cing: sakur jalma nu deukeut dirampa atawa di. cekel.



444. Palid ku cileuncang.

Hartina : Ngeunaan ka nu ngadu, sanajan mo­dalna gedé, ari nuju apes mah éléh ku nu modalna saeutik.



445. Monyet kapalingan jagong.

Hartina : Lalawora dina ngajaga naon baé, anu saenyana mah kudu diraksa hadé-hadé ku urang.



446. Panday tara bogaeun bedog.

Hartina : Sasarina ari tukangna mah sok tara bogaeun.



447. Cécéndét mandé kiara.

Hartina :
Nu leutik nyaruaan nu gedé.
Nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Nu lembék nyaruaan anu kuat.



448. Sarumbak panggangan.

Hartina : Sanggeus réngsé dagangna jeung daganganana geus payu kabéh.



449. Ulah pangkat méméh jeneng.

Hartina : Ulah adigung hayang nyaruaan ka nu geus jeneng, lamun urang henteu atawa tacan jeneng.



450. Sagolék pangkék,sacangreud pageuh.

Hartina : Henteu cidra kana jangji.



451. Séngsérang panon.

Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu mi­miti begér, resep nénjo ka kabogoh. Bogoh enyaan mah encan.



452. Seuneu hurung dipancaran.

Hartina : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan ku pikakeuheuleun, tangtu baé ngambekna jadi tambah.



453. Mapay ka puhu leungeun.

Hartina : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon-naon jeung euweuh patalina saeutik-eutik acan.



454. Nincak parahu dua.

Hartina : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.



455. Tunggul diparud, catang dirumpak.

Hartina : Euweuh nu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu.



456. Dihin pinasti, anyar pinanggih.

Hartina : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.



457. Pacikrak ngalawan merak = Bonténg ngalawan kadu.

Hartina : Tangtu éléhna, sabab nu leutik ngalawan nu gedé. Tangtu éléhna, sabab nu lembék ngalawan nu kuat.



458. Pelengkung beukas nyalahan.

Hartina : Ari keur ngora keneh bageur, tapi ka kolotnakeun teu bageur.



459. Saungkab peundeuy.

Hartina : Omongan anu pondok, tur kurang manis.



460. Peunggas rancatan.

Hartina : Teu bisa terus dagangna, sabab modalna geus béak.



461. Meungpeun carang ku ayakan.

Hartina :. Nyaho yen batur téh salah atawa mi­gawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu, kalah ka api-api teu nyaho.



462. Meungpeung teugeu harianeun.

Hartina : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa butuh.



463. Aya jalan komo meuntas.

Hartina : Aya pitantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.



464. Peureum kadeuleu, beunta karasa.

Hartina : Inget baé, teu bisa poho. Ieu téh lain ngeunaan kana barang, tapi ka jelema.



465. Peupeureum asu.

Hartina : Tacan mondok tibra, keur leleyepan kénéh. Sakur nu ngomong, boh di imah boh di luar, kadéngé kénéh.



466. Dikerid peuti.

Hartina : Euweuh nu tinggaleun, kolot-budak. awéwé-lalaki dibawa kabéh.



467. Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban.

Hartina : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.



468. Sabobot sapihanéan.

Hartina : Sauyunan, sapapait, samamanis, sabagja, sacilaka.



469. Bisa mihapékeun maneh.

Hartina : Hade tingkah-polahna jeung budi-basana, nepi ka batur teh nyaaheun jeung resepeun.



470. Mihapé hayam ka heulang.

Hartina : Mihapekeun duit atawa barang ka je­lema anu puguh keur pohara butuhna ku duit atawa ku barang. Balukarna : duit atawa barang urang téa digasab.



471. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.

Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang.



472. Gindi pikir, belang bayah.

Hartina : Boga pikiran goréng ka papada kawula.



473. Ngarancabang pikir.

Hartina : Loba teuing kahayang; henteu nyanghareupan kahayang sarupa baé.



474. Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak.

Hartina : Milih kalawan taliti naker, ku lantaran hayang meunang nu pangalusna pisan, tapi temahna meunang nu panggoréngna.



475. Nunggul pinang.

Hartina Nunggelis (nyorangan): geus teu indung teu bapa, teu baraya-baraya acan. Sasarina ngeunaan ka budak atawa ka jelema anu ngora keneh, tara ngeunaan aki-aki atawa nini-nini.



476. Pindah pileumpangan.

Hartina : Ganti adat, robah kalakuan, tina hadé kana goreng. Anu tadina daréhdéh, soméah tur handap asor jadi haseum budi tur adigung gedé hulu.



477. Neukteuk curuk dina pingping.

Hartina : Ngadakwakeun nu lian, tapi anu ngadakwakeunana milu susah sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.



478. Pinter aling-aling bodo.

Hartina : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur yén pinter: ku sabab éta nyeta-nyeta anu bodo.



479. Mipit teu amit, ngala teu ménta.

Hartina : Maling boga batur.



480. Piritan milu endogan.

Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.



481. Miceun batok meunang coét.

Hartina : Miceun nu goréng ku lantaran hayang meunang nu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.



482. Miceun beungeut.

Hlartina : Ngabalieur, embung padeuleu-deuleu awahing ku ngéwa atawa éra.



483. Nya picung nya hulu maung.

Hartina : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos; pananya jeung jawab téh pasalia, henteu nyambung.



484. Potol téko.

Hartina : Ngeunaan lalaki nu taya pakayana pisan.



485. Potol jarum.

Hartina : Ngeunaan awéwé nu taya pakayana pisan.



486. Puasa manggih lebaran.

Hartina : Anti saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga anu mangpang-meungpeung.



487. Luncat mulang.

Hartina : Teu beunang dicekel omonganana, sabab sok robah.



488. Riung-mungpulung.

Hartina : Ngumpul saduduluran.



489. Pupulur méméh mantun.

Hartina :
Ménta ganjaran méméh aya jasa.
Ménta buruhan méméh digawé.



490. Saluhur-luhur punduk, tara ngaliwatan hulu.

Hartina : Sapinter-pinterna murid, pangartina moal leuwih ti guruna.



491. Mupugkeun tai kanjut.

Hartina : Ngetrukkeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.



492. Pur manuk.

Hartina : Ari upah duit mah meunang, ngan henteu meunang dahareun atawa ududeun cara sasari.



493. Puraga tamba kadengda.

Hartina : Migawé hiji pagawéan henteu jeung enya-enya. Henteu ngandung maksud supaya hadé hasilna, ieu mah padu ulah dipaido baé.



494. Nyieun pucuk ti girang.

Hartina : Néangan pilantaraneun paséa, parebut bener.



495. Pucuk awian.

Hartina : Henteu puguh tangtunganana, gampang pisan kapangaruhan ku nu séjén.

496. Lieuk euweuh ragap taya.

Hartina : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon-naon.

497. Rambat kamalé.

Hartina : Dina ayana perkara, maké ngarawél ka si itu, mamawa ka si ieu, tapi temahna mah urang sorangan anu salah jeung anu disalahkeunana.

498. Hapa-hapa gé ranggeuyan.

Hartina : Enya ari miskin téa mah, ngan lumayan, da ari salaki mah boga.

499. Ngarangkay koja.

Hartina : Robah adat, tina hadé kana goréng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.

500. Ngarangkaskeun dungus.

Hartina : Ari hayangna jeung bogohna mah geus ti baréto, ti keur ngora kénéh, ngan boh lalaki boh awéwé, kaselang heula ku kawin ka nu séjén. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 3

301. Ngebutkeun totopong.
Hartina : Ngabijilkeun sakabéh élmu nu aya di urang.
302. Kawas kedok bakal.
Hartina : Rupana goréng kacida.
303. Pariuk manggih kekeb.
Hartina : Lalaki anu goréng rupana ngajodo jeung awéwé anu goréng patutna.
304. Kembang mata.
Hartina : Nu dipikaasih, boh jalma, boh sato atawa barang.
305. Ngembang boléd.
Hartina : Tétéla.
306. Ngembang kadu.
Hartina : Olohok.
307. Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung.
Hartina : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan téh. Hadéna mah ti keur ngora kénéh nepi ka geus kolot téh, lain beuki lila beuki bosen, tapi beuki lila beuki welas asih.
308. Nu édan dikendangan, nu burung diangklungan.
Hartina : Ngahaminan carita tukang wadul.
309. Kajeun kendor ngagémbol, tibatan gancang pincang.
Hartina : Pagawéan urang téh kajeun teuing lila anggeusna, tapi hadé. Ieu téh leuwih utama ti batan gagancangan migawéna, tapi hasilna goréng.
310. Sakecap kadua gobang
Hartina : Gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih.
311. Ninggang kekecrak.
Hartina : Keur mah goréng rupana, goréng laku­lampahna deuih.
312. Ngeupeul ngahuapan manéh.
Hartina : Lungas-lengis pikawelas, mikaasih ka diri sorangan; nu dipalar supaya batur welaseun, asiheun jeung nulungan ka diri urang.
313. Keur meujeuhna bilatung dulang.
Hartina : Laleutik kénéh pisan, keur meujeuhna bareuki dahar.
314. Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita.
Hartina : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
315. Keur tulang tonggong.
Hartina : Keur sasadiaan di ahir, di mana papanggih jeung pangabutuh.
316. Ngeureut miceun.
Hartina : Nyésakeun rejeki.
317. Ti kikirik nepi ka jadi anjing.
Hartina : Ti bubudak nepi ka kolot.



318. Sakiriciking duit, sakocopoking bogo.

Hartina : Naon baé anu matak narik kana haté urang.



319. Kiruh ti girang, kiruh ka hilir.

Hartina : Lamun anu di luhurna teu balageur jeung teu balener, nu di handapna oge tangtu milu teu balageur jeung teu balener.



320. Kiceupna sabedug sakali.

Hartina : Pohara lungguhna.



321. Ngodok liang jero.

Hartina : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, ka ditu ka dieu luput baé.



322. Kokojona.

Hartina : Pangpinterna.



323. Teu beunang dikoét ku nu kékéd.

Hartina : Teuing ku korét: tara pisan tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah.



324. Kokolot begog.

Hartina : Nyanyahoanan.



325. Kolot sapeuting.

Hartina : Geus meunang umur ari jelemana mah, ngan teuing ku bodo, euweuh kanyaho.



326. Kokoro manggih mulud = Puasa manggih lebaran.

Hartina : Anu saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga nu mangpang-meungpeung.



327. Kokoro nyenang.

Hartina :
Teu merenah, teu pantes da lain dina tempatna: ngeunaan barang atawa papakéan.
Ngeunaan jelema miskin nu nembongkeun kabogana ku lantaran hayang dipuji.



328. Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam.

Hartina : Teuing ku miskin.



329. Lodong kosong ngelentrung.

Hartina : Ari carita mah beunang diandelkeun jeung diadukeun, ngan kanyaho euweuh.



330. Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak.

Hartina : Milih kalawan ati-ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hadé, ngan ahirna meunang nu leuwih goréng.



331. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan.

Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.



332. Nepi ka pakotrek iteuk.

Hartina : Ngeunaan ka nu laki-rabi, ngajodo nepi ka kolot pisan.



333. Ngadagoan kuah beukah.

Hartina : Ngadagoan pasésaan kadaharan. Ieu ngan wungkul ngeunaan tukang babantu di imah batur baé, anu saenyana mah ayana tukang babantu téh henteu perlu.



334. Cara (Kawas) kuda leupas ti gedogan.

Hartina : Bingung ku kamerdékaan. Terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, lantaran euweuh anu ngageuing atawa nyengker.



335. Kujang dua pangadékna.

Hartina : Hiji pagawéan anu ngandung dua maksud.



336. Ngukur ka kujur, nimbang ka awak.

Hartina : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, hakan, paké, j.s.t. disaluyukeun jeung pangala.



337. Kudu bisa ngeureut miceun (ngeureut neundeun).

Hartina : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.



338. Kudu boga pikir kadua leutik.

Hartina : Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.



339. Ngukut kuda kuru, ari geus gedé sok nyépak.

Hartina : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susah dahar susah maké, tapi ari geus mulia, awak lintuh jeung paké hadé, ngalawan ka nu jadi dunungan.



340. Kulak canggeum.

Hartina : Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti nu Maha Suci.



341. Kandel kulit beungeut.

Hartina :
Taya kaérana, atawa
Saeutik kaérana.



342. Kaciwit kulit kabawa daging.

Hartina : Kababawa, katurak-tarik kana hiji perkara. Keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.



343. Kumaha bulé hideungna baé.

Hartina : Kumaha engké baé buktina.



344. Kunang-kunang nerus bumi.

Hartina : Ramana geus teu jeneng deui. Di putra awal-ahir aya anu jeneng cara ramana.



345. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban.

Hartina : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.



346. Rumbak kuntieun.

Hartina : Henteu lengkep, aya baé anu kurang nu matak cua kana haté.



347. Anak merak kukuncungan.

Hartina : Turunan anu hadé laku-lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deui laku-lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.



348. Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging.

Hartina : Dina cidrana anu diborehan. boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.



349. Lesang kuras.

Hartina : Teu bisa nyésakeun rejeki: loba atawa saeutik ogé béak-béak baé, taya pisan sésana.



350. Kuru cileuh, kentel peujit.

Hartina : Nuju tirakat, napaan awak atawa anak ku ngurangan saré jeung dahar.



351. Kurung batok.

Hartina : Ngahékok baé di lembur, carang pisan nyanyabaan: balukarna saeutik pisan pangalamanana jeung kanyahona.



352. Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan.

Hartina : Mulang ka lemburna, sabadana mang­taun-taun aya di panyabaan.



353. Labuh diuk, tiba neundeut.

Hartina : Sarua salahna atawa sarua cilakana.



354. Sibanyo laleur.

Hartina : Ledis pisan, teu nyésa saeutik-eutik acan.



355. Landung kandungan, laér aisan.

Hartina : Gedé timbanganana, gedé pangampurana.



356. Halodo sataun, lantis ku hujan sapoé.

Hartina : Kahadéan anu sakitu gedéna tur lilana, leungit sama sakali ku kagoréngan atawa kasalahan sakali.



357. Lain lantung tambuh laku, lain léntang tanpa béja, lain leumpang maladra.

Hartina : Indit ti imah kalawan ngandung mak­sud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh nu dijugjug, henteu nyata nu diseja.



358. Hérang caina, beunang laukna.

Hartina : Maksudna bisa kahontal kalawan bé­rés teu aya hiji pihak anu dirugikeun atawa dinyenye­ri.



359. Kawas lauk asup kana bubu.

Hartina : Gampang asupna kana hiji pagawéan, tapi pohara héséna dina hayang kaluar ninggalkeun éta pagawéan.



360. Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan.

Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lan­taran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.



361. Teu jauh laukna.

Hartina : Ngeunaan ka jelema. Saha baé ogé tangtu aya pigawéeunana.



362. Teu nyaho di lauk.

Hartina : Teu nyaho di kauntungan atawa piuntungeun.



363. Léngkah kapiceun.

Hartina : Teu beubeunangan. Nyanyabaan ka ditu ka dieu anu teu ngahasilkeun naon-naon.





364. Parjang léngkah.

Hartina : Lampar, jauh panyabaanana. Sabalikna tina kurung batok.



365. Pondok léngkah = Kurung batok.

Hartina . Kurang pangalaman ku lantaran tara nyanyabaan jauh, carang pisan ninggalkeun lembur sorangan.



366. Ceuli léntaheun.

Hartina : Sok gagancangan nyaritakeun ka ba­tur, naon baé anu geus kadéngé, turtaning tacan karuhan éta béja téh bener henteuna.



367. Nété porot, ngeumbing lésot.

Hartina : Cukup ari ihtiar mah kalawan mang­rupa-rupa akal-tarékah, tapi teu hasil baé.



368. Heurin ku létah.

Hartina : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara, ku lantaran loba karisi-karémpan, paur jeung inggis ku balukarna.



369. Manan léwéh mending waléh.

Hartina : Leuwih hadé wakca balaka, batan di ahir meunang kasusahan.



370. Ngalebur tapak.

Hartina : Miceun jeung ninggalkeun kalakuan nu goréng sarta saterusna milampah anu hadé baé.



371. Leubeut buah, héjo daun.

Hartina : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.



372. Leuleus awak.

Hartina : Babari jeung daékan dititah.



373. Leuleus jeujeur, liat tali.

Hartina : Gedé hampurana. Ka nu gedé ka nu leutik dosana, ngama'lum baé.



374. Ganti pileumpangan.

Hartina : Ganti adat; anu tadina hadé jadi goréng atawa nu tadina goréng jadi hadé j.s.t.



375. Hampang leungeun.

Hartina : Babari neunggeul.



376. Paheuyeuk-heuyeuk leungeun.

Hartina : Silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan.



377. Panjang leungeun.

Hartina : Sok ceceremed, daék nyokot atawa maling barang batur.



378. Tiis leungeun.

Hartina : Melak naon baé ogé sok jadi, tara paéh.



379. Leunggeuh cau beuleum.

Hartina : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawéan.



380. Cileuncang mandé sagara = Cécéndét mandé kiara = Hunyur mandéan gunung.

Hartina : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.



381. Satengah buah leunca.

Hartina : Teu jejeg ingetanana, langlang-ling­ling, rada gélo.



382. Leutik-leutik ngagalatik.

Hartina : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur dedeg, tapi lébér ku wawanén.



383. Leutik ringkang gedé bugang.

Hartina : Jelema mah teu beunang disapirakeun, sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuanana mah, bisa jadi kasusah saréréa anu gedé.



384. Leutik cahak, gedé cohok.

Hartina : Pangasilanana ngan saeutik, tapi ari pangaluaranana mah gedé.



385. Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét.

Hartina : Hadé goréngna pikiran jelema hésé dikira-kirana.



386. Mangpéngkeun kuya ka leuwi.

Hartina : Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadina.



387. Ngaliarkeun taleus ateul.

Hartina : Ngabéja-béjakeun kagoréngan atawa kajahatan anu lian.



388. Lieuk euweuh, ragap taya.

Hartina : Teuing ku miskin, nepi ka teu boga naon-naon.



389. Salieuk béh.

Hartina : Beunghar, sagala aya.



390. Kawas anjing kadempét lincar.

Hartina : Méré parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek-ambekan sagala.



391. Nutup lobang, gali lobang.

Hartina : Teu aya eureunna boga hutang, sabab lamun geus lunas hutang nu heubeul, tuluy nyieun deui hutang anu anyar, kitu baé saterusna.



392. Lodong kosong ngelentrung.

Hartina : Kalah ka loba omong baé, ari pa­ngartina mah euweuh.



393. Nimu luang tina burang.

Hartina : Nambahan luang atawa pangarti wak­tu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman..



394. Luhur tincak

Hartina : Gedé hulu, cetaan, resep niru ka­lakuan jelema nu laluhur pangkatna atawa loba kakayaanana.



395. Luhur kuta, gedé dunya.

Hartina : Gagah tur beunghar, taya kakurang.



396. Ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal.

Hartina : Ménta pangampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.



397. Lungguh tutut.

Hartina : Katénjona siga lungguh, tapi saenyana mah henteu.



398. Luncat mulang.

Hartina : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu, engké mah kitu.



399. Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung.

Hartina : Ulah ngurangan kanyaah, kudu beuki lila beuki nyaah.



400. Maliding sanak.

Hartina : Henteu adil, pilih kasih.

Rabu, 20 Maret 2013

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean ka-2b


Di handap ieu paribasa jeung babasan sunda bagean ka-2
201. Gantung teureuyeun.
Hartina : Henteu bisa terus daharna, sabab dahareunana geus béak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula, ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
202. Nyium bari ngégél.
Hartina .
I. Omonganana mah hadé, ngan haté jeung maksudna goréng.
II. Salakina dipisobat, ari pamajikanana dibogohan atawa sabalikna : Pamajikanna dipisobat, ari salakina dibogohan.
203. Ngégél curuk.
Hartina:
I. Teu meunang naon-naon atawa teu kabagian naon-naon.
II. Teu hasil maksud.
204. Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan.
Hartina : Ulah kagoda, kaganggu atawa kabéngbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hadé.
205. Ngagedag bari mulungan.
Hartina : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yén tacan nyaho. Ku lantaran kitu, api-api geus nyaho.
206. Gedé gunung pananggeuhan.
Hartina : Adigung ku lantaran boga kolot atawa baraya baleunghar atawa jareneng.
207. Gedé hulu.
Hartina : Adigung.

208. Gedé-gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sok anggang, dipaké pancir ngajedig.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu jangkung tur dedeg, ngan hanjakal gawéna jeung karajinanana goréng.

209. Geledug cés.

Hartina : Disangka arék hébat, tapi buktina atawa jadina mah henteu kitu.



210. Nyalindung ka gelung.

Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.



211. Legok tapak genténg kadék.

Hartina : Loba luangna, pangalamanana jeung kanyahona.



212. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma.

Hartina: Ari rupa mah tegep, ngan dangong dusun.



213. Geus cumarita

Hartina: Geus kawin sarta imah-imah sorangan; geus misah ti kolot.



214. Gindi pikir belang bayah.

Hartina: Goréng haté, dolim; julig; dengki.



215. Ginding kakampis.

Hartina : Ari paké mah ginding, ngan duit teu boga.



216. Dipiamis buah gintung.

Hartina : Disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng jeung jahat.



217. Pagirang-glrang tampian.

Hartina : Paunggul-unggul nyiar rejeki; teu daék silih seblokan.



218. Giri lungsi tanpa hina.

Hartina : Nu luhur jeung nu handap sarua baé, ulah dihina!



219. Anjing ngagogogan kalong.

Hartina : Mikahayang nu moal bakal kasorang.



220. Hadé gogog, hadé tagog.

Hartina : Hadé basa jeung hadé tingkah-lakuna deuih.



221. Nya ngagogog nya mantog.

Hartina : Nya nitah ka batur, nya prak ku manéh.



222. Goong nabeuh manéh.

Hartina : Ngunggulkeun diri atawa kulawarga sorangan.



223. Goong saba karia.

Hartina : Datang sorangan ka nu keur kariaan sanajan henteu diondang ogé, maksudna hayang dititah digawé sangkan seubeuh baranghakan.



224. Mobok manggih gorowong.

Hartina : Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileunana.



225. Teu gugur teu angin.

Hartina : Saméméh kajadian naon-naon, teu aya pisan béja, lantaran, atawa cicirén heula.



226. Gunung tanpa tutugan = Sagara tanpa tepi.

Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.



227. Gurat batu.

Hartina : Pageuh kana jangji.



228. Guru, ratu, wongatua karo.

Hartina : Guru, Raja atawa Kapala Nagara, indung-bapa jeung mitoha, wajib dihormat jeung di­turut paréntahna.



229. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé.

Hartina : Kahadéan anu sakitu-lilana jeung gedéna, leungit ku kagoréngan atawa kacua sakali, tur leutik.



230. Taya halodo panyadapan.

Hartina : Terus baé digelendeng atawa dicarékan.



231. Hambur bacot, murah congcot.

Hartina : Goréng sungutna jeung sok mindeng nyarékan deuih, tapi béréhan. Sok daék barangbéré dahareun.



232. Hampang birit.

Hartina : Daékan dititah.



233. Hampang leungeun.

Hartina : Babari neunggeul, babari mergasa.



234. Handap lanyap.

Hartina : Handap asor, daék ngahormat ka ba­tur, tapi boga haté luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar. Temahna batur loba anu teu resepeun.



235. Hirup dinuhun, paéh dirampés.

Hartina: Rido pisan, pasrah pisan; teu boga kahayang naon-naon



236. Hapa-hapa gé ranggeuyan.

Hartina : Miskin-miskin ogé da boga salaki, aya nu ngurus jeung nangtayungan.



237. Haréwos bojong.

Hartina : Harewos anu cukup tarikna, nepi ka kadéngé ku jelema anu deukeut kalawan tétéla pisan.



238. Getas harupateun = Pingges harupateun.

Hartina : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.



239. Harus omong batan goong.

Hartina : Béja téh sasarina sok gampang jeung gancang naker nerekabna, ku lantaran umumna sok pabéja-béja.



240. Héjo tihang.

Hartina : Resep jeung remen gunta-ganti imah, tempat atawa pagawéan.



241. Hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.

Hartina : Bareto mah beunghar, ayeuna kari miskinna.



242. Hérang caina beunang laukna.

Hartina: Nu dipikahayang bisa laksana tur henteu kalawan nganyenyeri batur.



243. Sahérang-hérangna cai béas.

Hartina : Galibna haté téh hésé pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyenyeri ka urang.



244. Henteu gedag bulu salambar.

Hartina : Henteu sieun atawa gimir saeutik-eutik acan.



245. Heueuh-heueuh bueuk.

Hartina : Ngarempugan ari di luarna mah, ngan baé henteu terus jeung haténa.



246. Nyieun heuleur jeroeun huma.

Hartina : Henteu raket jeung dulur, paharé-haré baé.



247. Heuras létah.

Hartina : Ku lantaran heuras haténa, omonganana ogé nyarugak, matak teu ngeunah ka batur.



248. Totopong heureut dibébér-bébér, geus tangtu soéh.

Hartina : Hésé béléké pisan nyukupkeun rejeki anu saeutik, lamun kasusahanana loba tur gedé.



249. Heurin ku létah.

Hartina : Hayang jeung perlu ngabéjakeun hiji perkara, ngan sieun pok, ku lantaran loba karisi/ karémpan.



250. Kahieuman bangkong.

Hartina : Ku ayana barang titipan di urang, urang téh nepi ka jiga beunghar katénjona ku batur mah, padahal miskin teu boga naon-naon.



251. Ngahihileudan

Hartina : Ngahalangan jadina hiji perkara, upa­mana jual-beuli, kawin jeung loba-loba deui, ku ngagogoréng, mitenah nu lain-lain sangkan ulah jadi.



252. Inggis batan maut hinis = Rémpan batan mesat gobang.

Hartina : Inggis jeung paur kabina-bina.



253. Haripeut ku teuteureuyeun.

Hartina : Gancang atoh dina meunangna rejeki: naha duit, kadaharan atawa barang, kalawan teu ngingetkeun balukarna, ieu téh rejeki halal atawa haram.



254. Teu hir teu walahir, teu kakak teu caladi, teu aro-aro acan.

Hartina : Teu baraya, teu kaka, teu adi, teu alo-alo acan. Teu baraya saeutik-eutik acan. Deungeun-deungeun tulén.



255. Hirup dinuhun, paéh dirampés.

Hartina : Pasrah pisan, rido pisan: teu boga kahayang naon-naon.



256. Hirup ku panyukup, gedé ku paméré.

Hartina : Hirup samahi-mahi ku paméré batur baé, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.



257. Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja.

Hartina : Kudu bageur, kudu hadé laku-lampah, supaya alus kacaritakeunana.



258. Hujan cipanon

Hartina : Ceurik balilihan.



259. Hulu gundul dihihidan.

Hartina:
Nu keur untung tambah untung.
Nu keur ngeunah tambah ngeunah.
Nu keur mulia tambah mulia.



260. Nyanghulu ka jarian.

Hartina : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.



261. Hunyur mandéan gunung.

Hartina : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.



262. Nya di hurang, nya di keuyeup.

Hartina : Di unggal jelema ogé, nya kitu baé, taya bédana, sarua. Mungguhing wiwirang atawa kateungeunahan haté mah, boh di ménak boh di somah, sarua baé teu aya bédana saeutik-eutik acan.



263. Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun

Hartina Teu dibéda-béda, disaruakeun baé. Lamun goréng, goréng kabéh; lamun hadé, hadé kabéh.



264. Ngahurun balung ku tulang.

Hartina : Diuk bari nangkeup tuur ku lantaran keur prihatin, upamana : keur teu boga gawé, euweuh duit, euweuh dahareun jeung euweuh pakéeun.



265. Hurung nangtung, siang leumpang.

Hartina : Ginding, karana maké papakéan ata­wa perhiasan anu aralus.



266. Ieu aing.

Hartina : Boga rasa pangpunjulna, pangbeungharna atawa panggagahna.



267. Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun.

Hartina : Masrahkeun sagala-galana, hadéna, goréngna, bagjana, cilakana.



268. Indit sirib anak-éwé.

Hartina : Teu saurang-urang acan anu ditinggal­keun, awéwé-lalaki, kolot-budak, dibawa kabéh.



269. Teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata.

Hartina : Ngadéngé jeung nénjo sorangan, lain cenah jeung baruk.



270. Indung lembu bapa banténg.

Hartina : Ti indung ti bapa turunan beunghar.



271. Indung suku ogé moal dibéjaan.

Hartina : Baraya nu pohara deukeutna ogé moal rek dibéjaan.



272. Inggis batan maut hinis.

Hartina : Pohara risina.



273. Ipis kulit beungeut.

Hartina : Gedé kaéra



274. Pakotrék lteuk.

Hartina : Laki-rabi ti ngongora nepi ka kolot pisan, pada-pada geus jadi aki-aki, nini-nini.



275. Iwak nangtang sujén.

Hartina : Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.



276. Leumpeuh yuni.

Hartina : Gampang pisan kaancikan susah haté, atawa teu kuat nahan gogoda.



277. Miyuni hayam kabiri.

Hartina :
Leutik burih, babari sumerah éléh.
Lalaki nu babari sumerah ka awéwé.



278. Legok tapak, genteng kadék.

Hartina Loba luangna, loba pangalamanana.



279. Ngadék sacékna, nilas saplasna.

Hartina : Ngomong (nyarita) anu teu dileuwihan atawa dikurangan.



280. Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung.

Hartina : Kajeun teuing capé digawé, asal bisa dahar kalawan cukup.



281. Ginding kakampis.

Hartina : Ari paké mah ginding, ngan duit teu boga.



282. Ngarep-ngarep kalangkang heulang.

Hartina : Ngarep-ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung susah pihasileunana.



283. Kalapa bijil ti cungap.

Hartina : Ngucah-ngacéh rasiah sorangan, anu matak cilaka.



284. Méré langgir kalieun.

Hartina : Méré naon-naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibalaieunana.



285. Kai teu kaur ku angin.

Hartina : Unggal jelema awal-ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.



286. Tinggar kalongeun.

Hartina : Teu sieun atawa teu nurut, ku lantaran remen teuing digelendeng atawa dicarékan.



287. Ngéplék jawér, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.

Hartina : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.



288. Kandel kulit beungeut.

Hartina : Teu boga kaéra.



289. Ngandung haté.

Hartina : Aya kanyeri ti batur, tapi teu ditémbongkeun. Balukarna: rasa teu ngeunah téh aya baé, teu leungit-leungit.



290. Ngarep-ngarep béntang ragrag.

Hartina : Ngarep-ngarep anu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.



291. Buntut kasiran.

Hartina : Korét.



292. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.

Hartina : Najan bodo asal leukeun diajarna laun-laun ogé tangtu bisa.



293. Kawas kacang nlnggang kajang.

Hartina : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan.



294. Kéjo asak, angeun datang.

Hartina : Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangké deui harita kénéh dilaksanakeun.



295. Leuleus kéjo poena.

Hartina : Beuki lila beuki bageur jeung sabar, anu tadina mah sakitu bengisna.



296. Kélék jalan.

Hartina : Ngeunaan tempat anu teu gampang didatanganana, karana tempatna jauh ti jalan gedé.



297. Ulah ngéok, méméh dipacok.

Hartina : Lamun urang nyanghareupan pagawéan anu bangga, prung baé heula lampahan, ulah arék horéam ti saméméhna.



298. Sieun képlok, tuluy bahé.

Hartina : Risi bisi rugi ku saeutik, ahirna rugi gedé.



299. Daharna sakésér daun.

Hartina : Ngeunaan ka barudak anu remen pisan dahar, méh taya towongna.



300. Kebo mulih pakandangan.

Hartina : Balik ka lembur sorangan sabadana ngumbara di lembur batur.

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean ka-2

Di handap ieu paribasa jeung babasan sunda bagean ka-2
101. Mobok manggih gorowong.     
Hartina : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
 102. Bobor karahayuan.
Hartina : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
 103. Boga pikir kaping burih.
Hartina : Boga kahayang anu datangna téh lain ti heula, tapi pandeuri.
 104. Buah ati.
Hartina : Pohara dipikanyaahna. (Ngeunaan ka jelema wungkul).
 105. Kawas lauk asup kana bubu.
Hartina : Gampang meunangna jeung asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé béléké kaluarna jeung ngécagkeunana éta pagawéan.
 106. Naheun bubu pahareup-hareup.
Hartina : Dina aya pangabutuh, silih injeuman duit.
 107. Ngabudi ucing.
Hartina : Teu wani nimbongkeun atawa ngedalkeun kahayang, atawa kadeudeuh.
108. Cara bueuk meunang mabuk. 
Hartina : Ngeluk baé, teu lémék, teu nyarék, euweuh hojah, euweuh karep: euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.
109. Buluan belut, jangjangan oray.
Hartina : Pamohalan kajadian.

110. Teu kaur buluan.
Hartina : Teu kaur boga pakaya.

111. Ciri sabumi, cara sadésa.
Hartina : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.

112. Bungbulang tunda.
Hartina : Tunda talatah. Lamun dititah, tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.

113. Sabuni-buni nu ngising.
Hartina : Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé, ari laku-lampah anu goréng mah awal-ahir sok kudu kanyahoan baé.

114. Ngodok liang buntu.
Hartina : Hésé capé taya gawé, susah payah taya guna, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.

115. Hayang untung jadi buntung.
Hartina : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep-arep.

116. Buntut kasiran.
Hartina : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan barangbéré.

117. Nyolok mata buncelik.
Hartina : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

118. Bur beureum, bur hideung, hurung nangtung, siang leumpang.     
Hartina : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké

119. Buburuh nyatu diupah béas.   
Hartina : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

120. Ngaburuy.
Hartina : Nyaneut wungkul, teu aya lalawuhna: inumeunana aya, tapi ari dahareunana mah teu aya.

121. Buruk-buruk papan jati.
Hartina : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahanana téh.

122. Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lan­taran kabawakeun ku batur, henteu kalawan ka­hayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

123. Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan.
Hartina: Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.

124. Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan.
Hartina : Ngalajur hawa napsu ka awéwé, ka nu halal jeung nu haram ogé disaruakeun baé.

125. Leutik burih.
Hartina : Leutik wawanén.

126. Teu busik bulu salambar.
Hartina : Teu rogrég-rogrég, malah unggul dina juritna.

127. Bonténg ngalawan kadu.
Hartina:
  • Nu leutik ngalawan nu gedé.
  • Nu handap ngalawan nu luhur.
  • Nu lembék ngalawan nu kuat..
  • Somah ngalawan ménak.
Tangtu éléhna.       

128. Nu borok dirorojok = Nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana; nu keur nyeri ditambah kanyerianana.

129. Daék macok, embung dipacok.
Hartina : Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah teu daék.

130. Dagang oncom, rancatan emas.
Hartina : Ari modalna gedé kacida, ngan bati anu diarahna pohara leutikna.

131. Dagang peda ka Cirebon.
Hartina : Henteu payu daganganana, sabab nga­jualna ka tukangna, atuh tangtu baé moal dibeuli.

132. Pait daging, pahang tulang.
Hartina : Cageur, teu keuna ku panyakit naon baé.

133. Dah bawang, dah kapas.
Hartina : Tah barangna, tah duitna.

134. Nyeungeut damar di suhunan.
Hartina :
  • Mintonkeun kakayaan.
  • Barangbéré supaya dipuji.

135. Caang bulan dadamaran.
Hartina : Migawé anu kurang mangpaat.

136. Dikompét-daunkeun = Dihurun-suluhkeun.
Hartina : Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dipisah-pisah.

137. Nyieun catur taya dapur.                  
Hartina: Nganggit hiji dongéng anu henteu puguh galurna

138. Dédéngé tara.
Hartina : Neruskeun béja anu tacan sidik pisan.

139. Deugdeug tanjeuran.
Hartina : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi deugdeugan, jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian, upamana : pinter tembang, ngacapi jst.

140. Deukeut-deukeut anak taleus.
Hartina : Ari imahna mah puguh ogé padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti bareto yén baraya.

141. Ngadeupaan lincar.
Hartina : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katénjo ku nu boga imah jeung diajak dahar.

142. Dihin pinasti, anyar pinanggih.
Hartina : Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. Ngeunaan: papastén jelema

143. Teu didingding kelir.
Hartina : Teu dibuni-buni, ditembrakkeun baé, teu dirusiahkeun.

144. Paluhur-luhur diuk.
Hartina : Pagedé-gedé kauntungan dina nyiar kipayah

145. Jabung tumalapung, sabda tumapalang.
Hartina: Milu nyaritakeun hiji perkara, sakapeung némpasan omongan batur, nyeta-nyeta jiga nu nyaho, turtaning (padahal) teu nyaho di naon-naon.

146. Jadi maung malang.
Hartina : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.

147. Jadi senén kalémékan.
Hartina : Mindeng dicaritakeun.

148. Jadi sabiwir hiji.
Hartina : Jadi carita jelema loba.

149. Ulah tiis-tiis jahé.
Hartina : Kudu iatna.

150. Loba teuing jaksa.
Hartina : Loba teuing nu pinter, nu ngatur jeung mapatahan; balukarna matak bingung ka nu dipapatahanana.

151. Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.

152. Jaman cacing dua saduit.
Hartina : Baheula pisan.

153. Janget kina telon.
Hattina : Turunan alus atawa goréng ti indung-bapa; ngeunaan ka sasatoan.

154. Jantungeun.
Hartina : Ngahuleng baé teu lémék teu nyarék, lantaran kagét kacida.       

155. Jauh ka bedug, anggang ka dayeuh.
Hartina : Dusun teu nyaho di tata-titi, tindak­tanduk, suba-sita, duduga jeung peryoga.

156. Jauh tanah ka langit.
Hartina : Pamohalan nu sarupa kitu bisa kajadian.

157. Meuli teri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra.
Hartina : Kalawan teu disangka-sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.

158. Sereg di panto, logor di liang jarum.
Hartina : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra; betahna téh di nu suni, nu teu aya jelema.

159. Jati kasilih ku junti.
Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing.

160. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana.
Hartina : Unggal bangsa béda adatna jeung kabiasaanana.

161. Jéjér pasar.
Hartina : Lumrah baé. Mun ngeunaan ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu. Mun ngeunaan ka awéwé, geulis henteu goréng henteu.

162. Jégjég cékér.
Hartina : Capé ku lantaran leumpang ka ditu ka dieu baé.

163. Jelema pasagi.
Hartina : Loba kakayaanana jeung pangawéruhna.

164. Leuleus jeujeur, liat tali.
Hartina : Adil pohara.

165. Jeung léwéh mah mending waléh.
Hartina : Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang, ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

166. Nyieun pucuk ti girang.
Hartina : Pangheulana néangan pibatureun paséa atawa gujrud.

167. Nyieun poé bungsuna.
Hartina : Nyieun poé panungtungan; ka hareup mah embung wawuh atawa ngahiji deui.

168. Asa dijual payu.
Hartina : Ngungun duméh nyorangan di pa­nyabaan, jauh ti indung ti bapa.

169. Moal neangan jurig nu teu kadeuleu.
Hartina : Arék nyekel jelema anu aya baé, moal neangan jelema anu euweuh.

170. Cara jogjog mondok.
Hartina : Carékcok baé, mani gandéng naker.

171. Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Mikarep ka nu lain babad.

172. Dogdog pangréwong.
Hartina : Bantuan anu lumayan pisan, nu euweuh hartina : dina teu ayana ogé teu naon-naon.

173. Dogong-dogong tulak cau geus gedé dituar batur.      
Hartina: Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kénéh, sugan diparengkeun ku Nu Kawasa pipamajikaneun; na ari geus gedé dikawin ku batur, atuh hésé capé taya gawé.

174. Dosa salaput hulu.
Hartina : Teuing ku loba dosa.

175. Sadom araning baraja, sakunang araning geni.
Hartina:
  • Sanajan saeutik, omat ulah wani ngagasab duit Nagara.       
  • Perkara anu bisa ngalantarankeun cilaka sanajan leutik.

176. Sakirincinging duit, sakocopoking iwak.
Hartina : Sanajan saeutik, omat ulah arék wani ngagasab duit Nagara.

177. Dulang tinandé.
Hartina : Awéwé mah nurutkeun baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salaki.

178. Duum tinggi.
Hartina : Ngabagikeun naon-naon henteu kalawan adil, aya nu loba, aya nu saeutik.

179. Siduru isuk.
Hartina : Nyunatan atawa kariaan, teu maké tatabeuhan.

180. Ulah muragkeun duwegan ti luhur.
Hartina : Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé ladang kesang, pacuan arék dimonyah­-monyah.

181. Élmu ajug.
Hartina : Pinter ari mapatahan ka batur mah, tapi prak ku manéh henteu.

182. Élmu sapi.
Hartina : Samiuk (ngahiji) kana kagoréngan.

183. Élmu tumbila.
Hartina : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

184. Elok bangkong.
Hartina : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé, keur ngaleupaskeun nyawa.

185. Cara embé.
Hartina : Embung mandi, sabab sieun ku cai.

186. Endog mapatahan hayam.
Hartina :
  • Nu sahandapeun mapatahan ka nu saluhureun.
  • Nu sangoraeun mapatahan ka nu sakoloteun.

187. Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh.
Hartina : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukama ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka saréréa.

188. Endog tara megar kabéh.
Hartina : Najan saindung-sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

189. Kawas hayam keur endogan.
Hartina : Ciling-cingcat baé, teu bisa cicing.

190. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.
Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang              

191. Nangkeup mawa eunyeuh.
Hartina : Mawa cilaka ka jelema anu dipéntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.

192. Cara gaang katincak.
Hartina : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

193. Galéhgéh gado.
Hartina : Daréhdéh, tapi henteu terus kana haté.

194. Gagalana.
Hartina : Jagona, kokojona.

195. Jauh jauh-panjang gagang.
Hartina : Hanas jauh-jauh ogé dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

196. Galak sinongnong.
Hartina : Mimiti balég, ngeunaan ka parawan (cawéné, lanjang).

197. Sagalak-galakna macan, tara nyatu anak.
Hartina : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umumna mah tara téga ka nu jadi anak.

198. Ngagandong kéjo, susah nyatu.       
Hartina : Loba ari titaheun mah, boh anak boh bujang, ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daékeun ari dititah téh.

199. Gancang pincang.
Hartina : Ku lantaran digawéna buru-buru jeung kurang ati-ati, hasilna téh teu nyugemakeun.

200. Gantung déngé.
Hartina: Henteu terus bisa ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.