Rabu, 29 Februari 2012

Puisi Bahasa Sunda

Postingan di handap mangrupikeun puisi basa sunda anu teu acan aya judulan. Bilih baraya bade masihan judul mangga dihaturanan..

Galindengna hate kalam illahi
Mapaler hate nu cape
Ngupahan manah nu susah
Rembes nembus kana sanubari
Sumarambah kana bayah
Sumeleket kana hate
Nyaliara minuhan awak
-----------------------------------------------------
-----------------------------------------------------
Dangding Al-Baqoroh nu lantip
Mapaesan galura rasa wangkid harita
Tetela mampu meper rongkahna
Hujan kapeurih Jeung ratugana jajantung
Nu datang teu di sangka-sangka
Palangsiang nu harita anjeun terus amitan
-----------------------------------------------------
-----------------------------------------------------
Kiwari.....
Malati nuligar na ati
Campaka nu mangkak na dada
Milu nyakseni pancegna
Kaputren kabagjaan
Mapaesan taman hate
Nyalinglapkeun hujan kapeurih Warsa kiwari
-----------------------------------------------------
-----------------------------------------------------
palay maos artikel basa sunda anu sanesna mangga klik Artikel Bahasa Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar