Senin, 13 Agustus 2012

WARTA PIKABUNGAHEUN (:2/25)


  • Aya warta matak bungah, keur jalma anu sumerah,
    nu resep amal ibadah, nu ngomean lampah salah.

  • Ka jalma nu laku hade, rek lalaki rek awewe,
    Alloh moal hare-hare, bakal diganjar nu hade.

  • Matuhna ge di sawarga, sawarga endah kacida,
    langgeng matuhna di dinya, nampi kurnia Mantenna.

  • Linggih di Janatunna’im, patempatan anu mu’min,
    sawargana kanimatan, di dunya taya bandingan.

  • MATAK WAAS


  • Ya Alloh Nu Maha Akbar, estu waas matak kelar,
    ningal daratan nu ngampar, alam dunya nu ngagelar.

  • Ret neuteup ka awang-awang, megana pating kalayang,
    langit teu aya tungtungna, endah temen kasawangna.

  • Ti siang ngempray caraang, titingalan awas lenglang,
    ti wengi bentang baranang, cahaya bulan gumiwang.

  • Teu lami hujan miripis, ti langit hujan girimis,
    hujan rohmat ti Pangeran, Mantenna Nu Maha Heman.

  • Tutuwuhan breng jaradi, renung dina latar bumi,
    sadaya eta rejeki, paparin Ilahi Robbi.

  • Mekar sakur kekembangan, leubeut sugri bungbuahan,
    kukupu gegelebaran, bangbara sareng nyiruan.

  • Mung ka Alloh nya sumembah, kade ulah salah nyembah,
    ulah rek nyembah berhala, sabab eta teh doraka.

  • CAHAYA KILAT SAJORELAT


  • Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
    ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat.

  • Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,
    tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak.

  • Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,
    nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit.

  • Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,
    tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan.

  • Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,
    uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh.

  • Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,
    cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka.

  • Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,
    sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.

  • Ulah Waswas Tong Hariwang |Puisi Sunda

    Anu hatena ngolembar, waswas hamham tara sabar,
    caang pikir sagebrayan, gancang leumpang rurusuhan.

    Reup deui poek meredong, utag-atog rarang-rorong,
    jen ngajentul mandeg mayong, paningalna jadi lolong.

    Lolong teh lolong batinna, torek teh torek rasana,
    musna rasa manusana, nu kitu kapir ngaranna.

    Nu matak ulah rek hamham, sabab matak ipis iman,
    ulah waswas ragu-ragu, mandeg mayong mundur maju

    JALAN PITUDUH



    Dina Al – Qur’an nu mulya, seueur simbul jeung siloka, silib sindir jeung sasmita, anu mu’min mah percaya.

    Perlambang teh tuduh jalan, nu mu’min percanten pisan, tapi ceuk jelema kapir, matak sasab silib sindir.

    Siloka sareng sasmita, eta pituduh Mantenna, tuduh jalan ka umat-Na, sangkan teu sasab hirupna.

    Pikeun ngahartikeun lambang, urang sing asak jeujeuhan, maca tapsir tarjamahan, engke aya katerangan.

    Saeusina jagata raya, eta ge ayat Mantenna, upami ditapakuran, seueur rasiah Pangeran.

    Ta pi keur jalma nu musrik, silib sindir teu dilirik, ayat-ayat ti Pangeran, diantep teu dilenyepan.

    Dasar jelema nu fasik, hirupna teh estu musrik, gawe nyieun karuksakan, rugi lain meumeueusan.